TAJUG GEDÉ
Karya:
Atep Yogaswara
Tohaga
pinuh wiwaha tempat menekung muja semedi ka Hyang Agung
Ajeg
diri tingtrim ati pataman ditata warna-warni kembang lir katumbiri melengkung
sanggeus hujan raat
Jugjugan
nu saiman dina syahadat ngalaksakeun kawajiban lima waktu anu tangtu
Ugeran
Sang Hyang Tunggal ngaraksa jeung ngariksa kahirupan genep perkara dina iman,
lima perkara dina Islam ngabaku ngabaju miraga sukma na jiwa
Gentra
dina rasa ngajak muji ka Hyang Agung teu bisa dipisahkeun lir gula jeung
peueutna
Girimis maseuhan haté nu hanaang ku cai kaheman pikeun matrikeun ka asih nu pinasti
Ema nu bisa munajat ka Gusti Nu Mahaasih tur heman wiréhing éngké atawa isukan nu hideung katémbong lestrengna nu bodas katingali nyacasna di poé balitungan
Deudeuh nu geus pageuh moal bisa pegat ku duriat saliwat
Éling-éling mangka éling wawayangan di bumi alam ngan sakédét nétra titip diri sangsang badan mung Ka Nu Mahaagung nu nyipta langit jeung bumi.
Purwakarta.07.12.2019

No comments:
Post a Comment