Monday, August 14, 2023
NYUKCRUK GALUR SAJARAH PURWAKARTA
NYUKCRUK GALUR
SAJARAH PURWAKARTA
Dina jaman VOC abad ka-17, kacaturkeun Sultan
Mataram ngirimkeun wadyabalad tentara anu dipupuhuan ku Dalem Surabaya ka Tatar
Sunda. Tujuanana pikeun meruhkeun kasultanan Banten. Di jajalaneun béntrok
jeung wadyabalad VOC, nepi ka kapaksa wadyabalad Mataram mulang deui. Sanggeus
kitu, wadyabalad Mataram datang deui anu ayeuna mah dipupuhuan ku Dipati Ukur.
Tapi nasibna sarua, éléh ku tentara VOC.
Pikeun nyungkeret kakawasaan VOC, Sultan Mataram
ngutus Panembahan Galuh, nya éta R.A.A. Wirasuta anu nyangking gelar Adipati
Panatayuda atawa Adipati Kertabumi III pikeun
ngaheuyeuk Rangkas Sumedang nu perenahna wétaneun walungan Citarum jeung
ngawangun kuta di Tanjungpura, Adiarsa, Parakansapi, jeung Kutatandingan.
Sanggeus ngawangun kuta, Adipati Kertabumi III tuluy mulang deui ka Galuh.
Lila ti lila, ngaran Rangkas Sumedang robah jadi
Karawang tina kecap karawaan, duméh di éta wewengkon loba rawa.
Dina taun 1656, Sultan Agung Mataram ngangkat
putra Adipati Kertabumi III pikeun jeneng Dalem di Karawang kalawan dibéré
gelar Panembahan Singaperbangsa. Ari puseur dayeuh Karawang mangsa harita nya
éta di Udug-Udug.
Dina taun 1679 nepi ka taun 1721 mangsa
pamaréntahan R. Anom Wirasuta anu nyangking gelar R.A.A. Panatayuda, putra
Panembahan Singaperbangsa, puseur dayeuh Karawang pindah ti Udug-Udug ka
Karawang. Ari wilayah kakawasaan Karawang harita ngawengku Cihoé atawa
Cibarusah jeung Cipunagara.
Balukar robahna kakawasaan Hindia Belanda ti
pamaréntahan Belanda ka Inggris, pamaréntahan Kabupatén Karawang téh lumangsung
ti taun 1811 nepi ka taun 1816.
Sabudeureun taun 1819 nepi ka taun 1826,
pamaréntahan Belanda mulangkeun kakawasaan ka pamaréntahan Inggris, anu cirina
masrahKeun wewenang parabupati ku Gupernur Jenderal Van der Capellen. Ku
kituna, Kabupatén Karawang ngadeg deui dina taun 1820, kalawan wilayahna
ngawengku wewengkon wétaneun walungan Citarum nya éta Cibéét jeung kuloneun
walungan Citarum nya éta Cipunagara, iwal onderdistrick Gandasoli anu
ayeuna mah katelah Pléréd, sabab kaasup wewengkon Kabupatén Bandung.
Bupati anu munggaran nyakrawati di Kabupaten
Karawang nya éta R.A.A. Suriawinata ti Bogor nu katelah Dalem Santri, anu
satuluyna milih puseur dayeuh Kabupatén Karawang di Wanayasa.
Dina taun 1830, mangsa pamaréntahan Kabupatén
Karawang dicangking ku R.A. Suriawinata nu katelah Dalem Sholawat, puseur
dayeuh Kabupatén Karawang pindah ti Wanayasa ka wewengkon Sindangkasih nu
dingaranan Purwakarta. Purwa hartina mimiti, Karta hartina raharja. Jadi,
mangsa harita téh Purwakarta hartina dayeuh nu ngamimitian ngawangun
karaharjaan pikeun nu dumukna. Ari Sindangkasih tetep jadi ngaran tempat di
puseur dayeuh Purwakarta. Ti mangsa harita mitembeyan pangwangunan, di antarana
Gedong Karésidenan, Pendopo, Masjid Agung, Situ Buleud, Situ Kamojing, jeung
Solokan Gedé.
Dumasar kana besluit Gupernur Jenderal,
tanggal 20 Juli 1831 Nomer 2 (lampiran 1), Purwakarta resmi jadi puseur
dayeuh Kabupatén Karawang. Ku kituna, tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi
titi mangsa ngadegna Purwakarta. Titi mangsa éta diwewegan ku Peraturan Daérah
Nomer 2, tanggal 3 Juni 2006 ngeunaan ngadegna Purwakarta nya éta tanggal 20
Juli 1831.
Pamaréntahan Kabupatén Karawang anu puseur
dayeuhna di Purwakarta lumangsung nepi ka taun 1949. Ku ayana Surat Keputusan
Wali Negeri Pasundan Nomer 12 tanggal 29 Januari 1949, Kabupatén Karawang
dibagi dua. Karawang bagian wétan jadi Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna
di Subang, dipupuhuan ku R.M. Hasan Suria Sacakusumah. Karawang bagian kulon
jadi Kabupatén Karawang.
Sabubarna Nagara Pasundan dina 11 Maret 1950,
Pamarentah RI ngabebenah wilayah administratif. Dumasar Undang-undang Nomer 14
tanggal 8 Agustus 1950 ngeunaan Pembentukan Daerah Kabupaten dalam
Lingkungan Provinsi Jawa Barat, Purwakarta ditetepkeun jadi Kabupatén anu
puseur dayeuhna di Subang, dipupuhuan ku R.P. Suyono Hadipranoto minangka
Bupati ti taun 1950 nepi ka taun 1958. Ari wilayahna ngawengku 5 (lima)
kawadanaan nya éta: Purwakarta, Subang, Pamanukan, Ciasem, jeung Sagalahérang.
Dina bulan Désémber 1953, parainohong Purwakarta
meredih ka pamaréntah puseur sangkan puseur dayeuh Kabupatén Purwakarta
dipindahkeun ti Subang ka Purwakarta, tapi teu dicumponan. Taun 1963, pameredih
téh robah jadi kahayang pikeun ngawangun Kabupatén Purwakarta anyar nu puseur
dayeuhna di Purwakarta. Éta pameredih kakara dicumponan dina taun 1968. Dumasar
Undang-undang Nomer 4 tanggal 19 Juni 1968, nya diwangun Kabupatén Purwakarta
anyar anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung Kabupatén Subang anu puseur
dayeuhna di Subang.
Harita, Kabupatén Purwakarta ngawengku 4 (opat)
kacamatan nya éta: Kacamatan Purwakarta, Kacamatan Pléréd, Kacamatan Wanayasa,
jeung Kacamatan Campaka. Katambahan ku Désa Kertamanah jeung Sukasari ti
Kabupatén Karawang tur Désa Ciramaeuwah jeung Citamiang ti Kabupatén Cianjur.
Jadi, kabéhna ukur 70 désa.
Pikeun jeneng Kepala Daérah Kabupatén Purwakarta
anu masih kénéh kosong, R.H. Sunarya Ronggowaluyo ditetepkeun nyangking
kalungguhan Pejabat Bupati, sarta S. Syam jeung Mohamad Husein Syabih
ditetepkeun pupuhu jeung sulur pupuhu DPRD Gotong Royong.
Dua minggu ti harita, tanggal 12 Juli 1968,
Menteri Dalam Negeri, Létnan Jenderal Basuki Rahmat ngaresmikeun ngadegna
Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung ngistrénan R.H.
Sunarya Ronggowaluyo nyangking kalungguhan Bupati Purwakarta.
Dina bagbagan nata pamaréntahan, dilaksanakeun
nata wilayah désa, kalurahan, ngawangun kamantrén, jeung ningkatkeun status
kamantrén jadi kacamatan, sarta ngawangun lembaga pembantu bupati. Hasilna,
Kabupatén Purwakarta mibanda 10 kacamatan, 9 kamantrén, 3 lembaga pembantu
bupati, 183 désa, jeung 9 kalurahan.
Mareng jeung disahkeunana Undang-undang nomer 22
taun 1999 ngeunaan Pemerintahan Daerah, jeung disahkeunana Otonomi Daerah
mimiti tanggal 1 Januari 2001, lembaga pembantu bupati dileungitkeun tur tina 9
kamantrén nu aya téh nu 6 mah statusna dironjatkeun jadi kacamatan. Hasilna,
Kabupatén Purwakarta ayeuna diwangun ku 17 kacamatan, 183 désa jeung 9
kalurahan.
Dumasar kana titi mangsa diresmikeunana Kabupatén
Purwakarta ku Menteri Dalam Negeri, Létnan Jenderal Basuki Rahmat tanggal 12
Juli 1968, jeung besluit Gupernur Jenderal tanggal 20 Juli 1831
Nomer 2 (lampiran 1), Purwakarta resmi jadi puseur dayeuh Kabupatén Karawang.
Ku kituna, tanggal 12 Juli 1968 ditetepkeun titi mangsa lahirna
Kabupatén Purwakarta jeung tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi
titi mangsa ngadegna Purwakarta.***
Nulis Carita Pondok
Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . Ieu jéntréna: 1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) Ieu mangrupikeun bahan-ba...
-
Ayang Ayang Gung Ayang–ayang gung Gung goongna rame Menak Ki Mas Tanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket j...
-
Punten mangga, Ari ga gatotgaca, Ari ca cau ambon, Ari bon bonténg asak, Ari sak sakit perut, Ari ru rujak asem, Ari sem sempal sempil, Ar...

