Monday, August 8, 2022

Paguneman

 



Paguneman:

Dési: Neng, dupi ari di kampung Eneng pami Milangkala Kota Purwakarta sok aya lomba-lomba tara?

Eneng: Osok, mung tara saramé agustusan, da nu ngiringanna tara seueuran.

Desi: Naha? teu raramé panginten lomba-lombana?

Enéng: Ah da nu ngaramékeun mah pamaénna rék sakumaha teu ramé lombana gé, Dés. Panginten teu level ngiringan nu karitu téh.

Dési: Muhunnya da pidunya wé orang kota mah. Tapi ari saur abdi mah, ngeusi acara HUT Kata Purwakarta téh mending ku sholawatan sasarengan, maos yasin sasarengan, ngadunga sasarengan, teras merogramkeun ngarencanakeun Purwakarta ka payuna sangkan langkung saé.

Enéng: Muhun ogénya daripada ku hura-hura teu puguh mah, duit hambur, Alloh teu suka, lingkungan bala, alah satuju pisan Dés abdi mah.

Tuesday, August 2, 2022

Kawih

 



Kawih

Saha di antara hidep anu resep  ngawih? Tangtuna baé ngawihkeun lagu-lagu Sunda.  Ari genré musikna  mah bisa rupa-rupa. Aya pop, dangdut, klasik, koplo jeung sajabana.  

Dina mangsana aya nu hajat, boh ngawinkeun boh nyunatan contona, urang mindeng manggihan nu ngawih. Ngahibur tur ngabeberah paratamu nu jol-jol kaondangan.

Lamun urang ngupingkeun hiji kawih, lain ukur merhatikeun wirahma laguna wungkul, tapi ogé kekecapan nu nyampak dina rumpakana. Geura, urang kupingkeun kawihna tuluy imeutan rumpakana.

Pikeun maham kana eusi lagu, urang kudu ngarti kana  kekecapan nu nyampak dina rumpakana. Lian ti kekecapan, ayah al séjén nu kudu diperhatikeun, di anatara eusi caritana, pola sajakna, amanatna sarta témana. Geura, prak titénan téks rumpaka kawih ieu di handap.

 

TANAH SUNDA

 

Sanggian Koko Koswara

 

Tanah Sunda, gemah ripah

Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda, sing towéksa

Nyangga darma anu nyata

 

Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran

Sing tulatén jeung rumaksa

Miara pakaya mémang sawajibna

Getén titén rumawat Tanah Pusaka

 

Titén kana harta banda

Mo kaduhung waktu jaga

Anu lian, moal bias

Ngatur ngolah jeung ngariksa

 

Gembleng sauyunan singkil babarengan

Ngangkat darajat Ki Sunda

Sunda kukuh kuat diraksa dirumat

Pasti jembar wibawa Indonésia

 

Mojang Priangan

Sanggian: Iyar Wiyarsih

 

Angkat ngagandeuang

Bangun taya karingrang

Nanggo sinjang dilamban

Mojang Priangan

 

Mun dierok dénok

Mun disanggul ayu

Mun disinjang lenjang

Mojang Priangan

 

Umat imut lucu

Sura-seuri nyari

Larak-lirik keupat

Mojang Priangan

 

Mojang ti Priangan

Lucu saé atikan

Saé basa sopan

Mojang Priangan

 

Peuyeum Bandung

Sanggian Sambas Mangundikarta

 

Dimana-mana di kampong di kota

Geus kakoncara ku nimat rasana

Sampeu asalna teu diréka-réka

Naon namina ku matak kabita

 

Peuyeum bandung kamashur

Pangaosna teu luhur

Ku sadaya kagaleuh

Sepuh jeung murangkalih

 

Mangga cobian

Bilih panasaran

Peuyeum ti Bandung

Heunteu sambarangan

 

 

 

 

 

 

 

Mikawanoh Rumpaka Kawih Sunda

Rumpaka téh nyaéta puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkwun boh ditembangkeun. Rumpaka kawih Sunda mah tangtu baé dikawihkeun. Upama nilik ka dinya, rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Rumpaka raket patalina jeung sastra (puisi), ari kawih raket patalina jeung karawitan (seni musik). Tah, dina pangajaran basa mah leuwih museur kana unsur rumpakana, anu kaasup kana kasustraan nyaéta puisi. Sanajan kitu, taya salahna upama urang ogé bisa ngalagukeun atawa ngawihkeun rumpaka anu keur dipedar dina pangajaran basa.

Upama nilik kana rumpaka lagu Sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran, nyaéta puisi anu diwangu7n ku cangkang jeung eusi. Wangun sisindiran kapanggih dina rumpaka kawih Sunda kiwari, saperti anu aya dina “Bubuy Bulan”, “Sorban Palid”, Cikapundung”, jeung “És Lilin”. Tengetan geura contona dina rumpaka lagu “És Lilin” di handap!

 

ÉS LILIN

Ciptaan Ibu Mursih

 

És Lilin mah Ceuceu kalapa muda,

Dibantun mah dibantuk ka Sukajadi.

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok sieun mah aduh henteu ngajadi.

 

És Lilin mah Ceuceu buatan Bandung,

Dicandak mah geuning ka Cipaganti.

Abdi isin jungjunan duh bararingung

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi.

 

Itu saha dunungan nu nungtun munding,

Digantélan geuning ku sapu tangan.

Itu saha dunungan ku ginding teuing,

Singhoréng mah aduh geuning jungjunan.

 

És Lilin mah Ceuceu dikalapaan,

Raosna mah geuning kiabina-bina.

Abdi alim dunungan paduduaan,

Sok sieun mah dibantun ka mana-mana.

 

Ka mana mah geuningan ngaitkeun kincir,

Ka kalér mah aduh katojo bulan.

Ka mana mah dunungan ngaitkeun pikir

Moal palér dunungan ku sabulan.

 

Upama nilik kana rumpaka lagu “És Lilin” di luhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Tapi jumlah engangna dina sapadalisanana téh henteu salawasna dalapan engang, sakumaha biasana sisindiran. Éta hal téh lantaran diluyukeun jeung kabutuh wirahma laguna.

Dina kamekaranana kiwari, rumpaka kawih Sunda leuwih lega ambahanana, utamana dina sual wangunna. Henteu ngan saukur wangun sisindiran. Komo kiwari mah lolobana rumpaka kawih téh mangrupa sajak bébas baé. Contona rumpaka kawih “Tanah Sunda” jeung “Mojang Priangan”, atawa conto séjénna di hyandap.

 

BUDAK JALANAN

Ciptaan Yayat S

 

Ceuk batur mah kuring téh anak jalanan

Gawé ukur ngamén dina kandaraan

Sabenerna haté asa nalangsa puguh hirup ragap taya

Kolot teu apal di rupa jeung deui duka di mana

 

Mun panas kapanasan, mun hujan kahujanan

Mun reup peuting ngadon saré di émpéran

Da puguh hirup di jalan henteu boga patempatan

Pikeun pangbalikan

 

Ti mana... ti mana... atuh ti mana

Diri kuring ti mana atuh asalna

Kumaha.... kumaha... atuh kumaha

Diri kuring na kumaha mimitina

 

Ya Alloh paparin abdi pituduh

Na di mana kolot abdi ayeuna.

 

Salian ti éta aya deui kawih Sunda anu rumpaka asalna mangrupa sajak, saperti sawatara lagu sanggian Mang Koko Koswara. Di antarana baé lagu “Dina Juandéla” jeung “Kembang Impian” rumpakana tina sajak beunang Dedy Widyagiri, “Kembang tanjung Panineungan” jeung “Malati ti Gunung Guntur” tina sajak beunang Wahyu Wibisana, “Hariring nu Kungsi Nyanding” beunang Winarya Artadinata, jeung “Peuting Pangharepan” beunang RAF.

Kiwari sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu téh sok disarebut “Musikalisasi Puisi”. Minangka  contona sajak “Pananjung” karya Rachmat M.Sas Karana jeung “Cikaracak” karya Godi Suwarna anu dijieun musikalisasi puisina ku Ferry Curtis.

 

 

C. KAPARIGELAN

Ngawih

 

Di handap aya sawatara rumpaka kawih, pék kawihkeun ku hidep!

 

Bandung

Sanggian Mang Koko Koswara

 

Bandung ... Bandung

Bandung nelah Kota Kembang

Bandung ... Bandung

Sasakala Sangkuriang

 

Dilingkung gunung heurin ku tangtung

Puseur kota nu mulya Parahiyangan

Bandung... Bandung

Padamuru dijarugjugan

 

Bandung ... Bandung

Tingrunggunuk  nyanding gunung

Bandung ... Bandung

Dipasieup Cikapundung

 

Di Bandung mungpung, jalmi ti kampung

Ngadon reureuh di kota nyinglar  kabingung

Bandung ... Bandung

Pangbebenah nu ngadon nguyung

 

Karatagan Pahlawan

Sanggian Mang Koko Koswara

 

Teu honcéwang sumoréang

Tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksud tacan laksana

 

Berjuang keur lemah cai

Lali rabi tur téga pati

Taya basa ménta pamulang tarima

Iklas rido keur korban merdéka

 

Sinatria danalaga

Béla bangsa jeung nagara

Dibarengan tékad suci

Berjuang keur lemah cai

 

Teu ngingetkeun ka dirina

Asal nagri bangsa waluya

Kadar jembar raharja  mukti wibawa

Gembleng tujuan pahlawan bangsa.

 

Lemah Cai

Sanggian R. Machyar A. Kusumadinata

 

Lemah cai kuring

Nagri éndah asri

Sugih cacah jiwa

Bahan lubak-libuk

 

Sim kuring tresna miwahnyaah

Ka lemah cai pribadi

Kuring suka kuring betah

Di bali geusan ngajadi.

Mikawanoh Fungsi jeung Struktur Téks Paguneman

 



 Mikawanoh Fungsi jeung Struktur Téks Paguneman

Paguneman téh obrolan silih témpas antara dua orang atawa leuwih. Paguneman, ngobrol atawa ngawangkong téh mangrupa hal anu mindeng dilakukeun ku urang dina kahirupan sapopoé. Ngawangkongna mah bisa jeung saha baé. Kitu deui ngeunaan jejerna, bisa ngeunaan naon baé. Dina karya sastra atawa drama, paguneman téh disebutna dialog.

Ari basa nu digunakeunana gumantung kana suasana jeung batur anu nyarita. Upama urang ngobrol jeung babaturan atawa jalma anu geus loma dina suasana anu loma (akrab) atawa teu resmi, biasana basa anu digunakeunana ogé basa loma. Tangtuna baé bakal béda upama urang nyarita jeung jalma anyar pinanggih, jalma nu pantes dipihormat, saluhureun, atawa dina suasana anu resmi. Biasana ragam basa anu dipakéna ogé ragam basa hormat (lemes).

Sanajan kitu, dina suasana anu loma (akrab) atawa suasana resmi, ayah al anu sarua kudu diperhatikeun ku urang dina mangsa keur lumangsungna pagunemnan di antarana:

1. Ngaregepkeun nu keur nyarita kudu daria.

2. Henteu motong kalimah atawa ngaganggu omongan batur, iwal dina kaayaan anu perlu pisan.

3. Nyarita kudu daria, sorana béntés, tétéla, wajar, henteu aya kesan saperti cowong.

4. Nyarita kudu antaré, henteu gancang teuing henteu ngayayay.

5. Naon anu dicaritakeun ku urang, henteu méngpar tina jejer anu keur digunemkeun.

6. Nyarita ngagunakeun lentong anu merenah.

7. Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah sarta pasemon anu marahmay.

Dina paguneman téh aya hal-hal penting anu gedé mangpaatna pikeun kahirupan urang, pikeun komunikasi dina kahirupan sapopoé, pikeun silihhargaan dina campur gaul jeung lingkungan sosial di sabudeureun urang.

Lamun diimeutan deui obrolan urang sapopoé, hég dirékam tuluy dituliskeun deui éta obrolan téh, urang bakal manggihan struktur anu maneuh dina galur obrolan téa. Kumaha mimitina, naon eusi obrolan jeung kumaha tungtungna atawa kumaha tamatna ngobrol téh. Kitu deui dina téks paguneman di luhur. Jadi, struktur téks paguneman téh kabagi jadi tilu bagian, bubuka, eusi, kacindekan (panutup).

 

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...