Monday, February 28, 2022
Mikawanoh Sajak
Mikawanoh Sajak
Sajak téh
karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Ari dina jenisna (génréna) mah, sarua
jeung pupuh, pupujian, atawa mantra. Ngan ugeran dina sajak mah lain guru lagu,
guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana saperti dina pupuh. Mémang
umumna sajak diwangun ku sababaraha pada, saperti sajak di luhur. Tapi henteu
saeutik deuih sajak anu ditulisna ngaguluyur saperti tulisan wangun basa
lancaran (prosa), contona sababaraha sajak karangan Godi Suwarna.
Kembang mangkak
di buruan.
Kembang mangkak
dina lamunan.
Hujan turun maseuhan
bumi nu garing.
Hujan ngaguruh
nurunkeun dodoja.
Upama kitu, naon
atuh anu jadi ugeran dina sajak téh? Di antarana baé, sajak kauger ku diksi
(pilihan kecap), wirahma, jeung purwakanti. Dina sajak diksi téh kacida
pentingna. Ku sabab wangunna pondok, kecap-kecap anu digunakeun dina sajak mah
éstu meunang milihan. Panyajak kudu tapis milihan kecap anu merenah tur
ngandung harti nu anteb. Aya kecap anu ngandung perlambang (simbol), aya ogé
anu ngandung babandingan (métafor). Éta sababna kecap-kecap anu dipaké dina
sajak sok loba anu ngandung harti injeuman (konotatif), mangrupa perlambang
kana hiji-hiji hal atawa kajadian, sarta ngawangun wirahma anu genah dibacana.
Geura urang titénan ieu kalimah-kalimah di handap!
Kecap “kembang”
dina kalimah kahiji nuduhkeun harti nu saujratna, nya éta tutuwuhan nu sok jadi
sarta mangkak di buruan. Ari dina kalimah kadua, hartina béda deui, nya éta
kabungah atawa harepan nu nyangkaruk dina lamunan. Tegesna kembang téh jadi
perlambang naon-naon nu éndah, harepan, kabungah jeung sajabana. Kitu deui dina
kalimah katilu jeung kaopat di luhur, urang bisa ngararasakeun bédana harti
kecap “hujan”. Dina kalimah katilu, hujan téh perlambang kasuburan (keur
patani), ari dina kalimah kaopat, hujan téh perlambang amarah atawa dodoja
(hukuman) pikeun manusa nu sarakah teu miara alam. Hujan nu ngaguruh dipaké
babandingan (métafor) pikeun ngagambarkeun kumaha ruksakna kaayaan alam; hujan
nimbulkeun caah, kasangsaraan, jeung sajabana.
Ari
anu disebut purwakanti nya éta sasaruanana sora basa anu aya dina dua kecap
(gundukan kecap) atawa leuwih. Sora basa anu sarua téh ayana bisa dina
padalisan anu sarua, bisa ogé ayana dina padalisan anu béda. Bisa di bagian
awal, tengah, atawa tungtung padalisan. Dina sajak di luhur, upamana, anu murwakanti
téh aya dina tungtung padalisan anu béda.
Conto
Beurat teuing
léngkah Aki ngukur jalan -an
Kota
Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan -an
Dibaturan
sobat ngaran rancatan -an
Anu
rantuy digantungan barang-barang kaulinan -an
Asupna
wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun 1950-an. Ti harita sajak
kaasup kana salasahiji wangun sastra anu dipikaresep, tug nepi ka kiwari. Sajak
Sunda dimuat dina koran, majalah, sarta geus loba anu diterbitkeun mangrupa
buku. Loba deuih panyajak Sunda anu muncul, di antarana baé: Kis Ws., Ajip
Rosidi, Wahyu Wibisana, Karna Yudibrata, Dédy Windyagiri, Apip Mustopa,
Surahman RM, Ayatrohaédi, Rachmat M. Sas Karana, Usép Romli HM, Yous Hamdan,
Yayat Héndayana, Juniarso Ridwan, Godi Suwarna, Eddy D. Iskandar, Taufik
Faturohman, Étty RS, Nita Widiati Éfsa, Acep Zamzam Noor, Soni Farid Maulana,
Dian Héndrayana, Hadi AKS, Nazarudin Azhar, Chyé Rétty Isnéndés, Toni Lesmana.
Wednesday, February 23, 2022
Monday, February 21, 2022
Sunday, February 20, 2022
Nulis Carita Pondok
Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . Ieu jéntréna: 1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) Ieu mangrupikeun bahan-ba...
-
Ayang Ayang Gung Ayang–ayang gung Gung goongna rame Menak Ki Mas Tanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket j...
-
Punten mangga, Ari ga gatotgaca, Ari ca cau ambon, Ari bon bonténg asak, Ari sak sakit perut, Ari ru rujak asem, Ari sem sempal sempil, Ar...