Thursday, August 12, 2021

CÉNGCÉLÉNGAN



CÉNGCÉLÉNGAN

Karya: Atep Yogaswara

 

 Carita nu mawa béja dimumungang kamelang lir kembang ros ngajajar di taman tresna

 Ébréhan rasa nu mawa  cangcaya kedal nalika hujan ngaririncik dina dalingding asih

 Naha salira teu kumawasa kedalning lisan ?

 Gunung Putri nu jadi saksi tali asih dina rumpaka tilam kamelang

 Cai panon teu katahan maseuhan longkéwangna jiwa nu sedih kingkin

 Élékésékéngna haté teu bisa jempé lir tonggérét patémbal reujeung baturna nalika hibar layung nu ngajak muji ka Hyang Agung

 Lamunan tinggal lamunan harepan tinggal harepan teu kasawang jalan udagan teu kadongkang pangharepan

 Éngké atawa isukan hibar bagja tinekanan lir béja cairna Néng Sérti ti Bank BJB

 Nangtung teu bisa ajeg lempang teu bisa gancang asa kebek ku kabeurat

Galura rasa moal bisa dipaksa ilang iwal ti neda ka nu Maha Suci mugia tinekanan nu diseja

Asih lain ukur kedal lisan tapi rumingkangna dina lakuning lampah nu mawa rasa percaya jeung yakin

Naon deui nu rék didagoan? sujud mah mung ka nu Agung nyambah mah Ka nu Maha Kawasa jalma teu kumawasa mung ukur bisa usaha.

 

cag!

Purwkarta.07.12.2019


No comments:

Post a Comment

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...