Tuesday, November 25, 2025
Monday, November 10, 2025
Pedaran Sajak
Sajak nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku masa si bero padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar[1]. Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur nyaéta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma [2]
Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa.[3] Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas,kungsi ogé disebut sanjak. Disebut bébas téh saenyana mah rélatif, nyaéta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu. Saenyana mah sajak ogé mageuhan kénéh rupa-rupa konpénsi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana. Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yén nu disebut sajak téh nyaéta karangan ugeran anu ngébréhkeun pangalaman batin panyajakna.[4]
Pedaran Dongeng
- Carita rekaan: Dongeng lain carita nyata, tapi karangan anu diciptakeun ku imajinasi.
- Pamohalan: Eusina loba hal anu teu mungkin kajadian dina kanyataan, contona aya sato nu bisa ngomong atawa ayana mahluk gaib.
- Tujuan: Biasana diceritakeun pikeun ngahibur, tapi sok ngandung unsur didaktis atawa palajaran moral anu tersirat.
- Panglawungan: Dongeng bisa jadi sarana pikeun ngasah imajinasi jeung mikir, sarta nganteurkeun nilai-nilai kahirupan.
Sunday, November 9, 2025
TUKEURAN IEU SAJAK
TUKEURAN IEU SAJAK
Karya: Yus Rusyana
Tukeuran ieu sajak
ku salambar simbut atawa samak saheulay
heug rungkupkeun ka barudak anu teu kaburu heuay
patinggolepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak
ku beas wuluh atawa heucak
heug sidkahkeun ka nu haropak
anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
ku sababaraha siki pelor
heug tembakeun kana genggerong
koruptor manipulator
sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
ku beubeutian tina kalbu anu rido
keur nyebor anu balangsak
(lamun teu kitu sasaak)
Nulis Carita Pondok
Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . Ieu jéntréna: 1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) Ieu mangrupikeun bahan-ba...
-
Ayang Ayang Gung Ayang–ayang gung Gung goongna rame Menak Ki Mas Tanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket j...
-
Punten mangga, Ari ga gatotgaca, Ari ca cau ambon, Ari bon bonténg asak, Ari sak sakit perut, Ari ru rujak asem, Ari sem sempal sempil, Ar...



