Sunday, March 26, 2023

SASAKALA SITU BULEUD

 



SASAKALA SITU BULEUD

 

            Kacaturkeun dina jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem Solawat aya ogé nu nyebut Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta di Karawang. Ku lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku walungan Citarum, nya puseur dayeuh dipindahkeun ka Wanayasa.

            Sanggeus puseur dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud pikeun mindahkeun deui kabupatén ka beulah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa pernahna aya di luhur, di suku Gunung Burangrang.

            Satuluyna Dalem Santri munajat ka Hyang Agung sangkan cita-citana tinekanan. Waktu mujasmedi, Dalem Santri meunang ilapat. Saénggalna anjeunna ngageroan cutak, ayeuna mah wadana.

Éta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nya éta tempat anu aya kobakan cai sarta aya tangkal tanjung tilu.

            “Mamang Cutak, peuting téh kaula ngimpi. Ari dina impian téh urang kabéhanana aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di beulah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu.

Ku kituna, ayeuna kénéh Mamang geura miang! Jugjug éta patempatan! Upama geus kapanggih, geuwat lapor ka kaula!” ceuk Dalem Santri harita.

            “Unjuk sumangga, kaulanun. Ayeuna kénéh Mamang seja permios badé milari éta patempatan!”

            “Pikeun batur keueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem Santri.

            Gancangna carita, cutak téh indit ka lebak néangan tempat saperti anu dipisaur ku dalem téa. Kaayaan harita masih kénéh leuweung geledegan. Tangkal kai jeung kakayon séjénna rembet kénénh matak hésé lumaku gagancangan. Komo lebah wates tungtung kulon Wanayasa, sajaba ti rembet ku kakayon téh jalanna ogé rumpil. Atuh cutak jeung dua ponggawa téh teu sirikna nété akar-ngeumbing jangkar mapay-mapay jalan pikeun néangan tempat anu cocog jeung impian dalem.

Saterusna cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih kénéh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu, persis jeung impian dalem téa.

Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka dalem. Geus kitu mah dalem kalayan dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada dibébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula, ari kasih tina kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung pikaasiheun.

            Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngaranna Purbasari. Élmu pangaweruh Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapaké ku dalem dina nguruskeun rupa-rupa pasualan. Kiru deui nalika puseur dayeuh rék dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.

            Purbasari dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki ramé, nu dumuk ngalobaan. Sanggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit deui ka beulah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék ayeuna.

            Kalungguhan cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon di sabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi lemah karesidénan.

Atuh urut pangguyangan badak téa sanggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, nu kiwari jadi salasahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.***

 

Dicutat tina Kandaga wikara

CARITA DINA BULAN PUASA

 



CARITA DINA BULAN PUASA

Karya: Agus Mulyana

               Dalem Aria Suriawinata kasohor leket kana agama. Kamamana anjeunna teu weléh nyanyandak tasbeh bari henteu elat dzikir jeung solawat. Ku kituna, paraabdi dalem jeung pagawé séjénna kalintang ajrihna ku pangersa dalem.

            Di antara abdi dalem aya hiji pagawe anu resep heureuy. Nelahna Wa Olot. Manéhna sok niru-niru kangjeng dalem upama nuju ngawurukan. Siga dina hiji peuting bulan puasa, bari diriung ku batur-baturna, manéhna nyarita kieu:

            “Ponggawa, déngékeun ku anjeun, unggal pagawé kudu bisa nempatkeun pagawéanana minangka hiji ibadah. Ari kalungguhan anu dicekel mangrupa titipan ti Gusti Alloh, anu sawaktu-waktu pasti bakal diécagkeun. Jadi ponggawa pasti bakal eureun, jadi kuwu, cutak, nanaon ogé pasti hiji mangsa bakal eureun. Ayeuna kari urang mikiran diri sorangan, geus nepi ka mana tanggung-jawab salaku hiji pagawé luyu jeung pagawéanana; nepi ka salawasna jadi ibadah di payuneun Alloh Subhanahu wata’ala.” Ceuk Wa Olot bari lalagedayan bangun anu carangkeul.

            Éta téh mapatahan? Kutan anu tara puasa ogé bisa mapatahan?” ceuk baturna bari seuri.

            “Sumpahna ogé, euy, déwék mah daék dicéntang ku katepél. Déwék téh geus husnul khotimah. Baréto mah keur ngora, enya tara puasa. Tampolana sabulan campleng kudu ngodoanana ogé. Tapi ayeuna sanggeus kolot kieu, déwék téh geus imsak, aéh...insap. Duka pédah mindeng diwurukan ku kangjeng dalem meureun.

            Mani rus-ras cariosan kangjeng dalem, cenah: saéran dina kitéja-eunteup dina cocongoan, Pangéran tara bébéja-nyabut nyawa teu kanyahoan.

            Tah, palebah teu kanyahoan, déwék ngarasa inggis. Kumaha lamun déwék kerelek paéh teu kanyahoan, mangkaning can bisa jampé tobat. Ku kituna, itung-itung ngalebur dosa, unggal bulan puasa, déwék salawasna tamat.”

             “Alhamdulillah...., Gusti, sobat abdi parantos robah pikiran alias .... kurang saeundan,” ceuk baturna ngaheureuyan.

            “Na siah, ngaréken nu gélo ka déwék!” Wa Olot nyentak.

            “Tuh, nya. Kakara diheureuyan kitu geus nyereng. Ieuh, Wa Olot, ari puasa téh kudu merangan hawa napsu. Ieu mah kakara bisa puasa meueusan geus agul, geus ngaku husnul khotimah. Ari jadi jelema tong hayang kapuji, sabab sagala puji kagungan Alloh. Ulah asa bener sorangan, asa pinter sorangan, asa hébat sora.....ngan.

            Tong jauh-jauh, upama sawala minggon ngan Wa Olot nu sok usul bari mahiwal téh. Loba waé pepeletékanana. Teu percaya téa, teu sapagodos téa, teu saluyu téa. Lamun sawala aya Uwa tara téréh-téréh anggeus. Komo lebah aya iuran mah. Contona iuran keur ngaliwt kamari, batur-batur mah sok duitna, sok béasna. Ari Uwa? Célékéték téh béas sacangkir ogé kurang, mani asa pangpangna, tapi teu guyub jeung batur.

            Paingan ceuk Ki Kuwu, lamun di kadaleman euweuh Wa Olot, pasti bakal aman.”

            “Aéh-aéh, na kalah mamawa Ki Kuwu. Pantes waé Ki Kuwu mah jalma sugih tur pinter déwék mah sabalikna. Meunggeus ah, tong mamawa Ki Kuwu, déwék rék ngadongéng pangalaman puasa mangsa keur ngora.

            Rumasa euy, déwék mah ti bubudak tara puasa. Ngan, waktu boga pamajikan, déwék maksakeun puasa. Dina puasa poé kasalapanlikur, déwék nékad. Lantaran di imah euweuh sasaha, mitoha lalaki euweuh, mitoha awéwé euweuh, pamajikan ogé euweuh teuing ka mana. Gidig waé déwék ka dapur. Gura-giru nyiuk kéjo sapiring metung. Top, deungeunna goréng asin jeung sambel goang.

            Keteyep ngadeukeutan goah, sabab hiji-hijina tempat anu merenah pikeun nyumput keur anu henteu puasa mah nya éta goah.

Na atuh, barang panto goah dibukakeun, ari bréh téh mitoha lalaki, mitoha awéwé, jeung pamajikan keur cacamuilan ngahanca liwet dipedaan. Barang nempo déwék nananggeuy piring, mitoha lalaki ngabagéakeun.

            Aéh geuning Ujang, sumpah Jang, Abah mah keur puasa. Barangdahar sotéh keur marab cacing dina jero beuteung,” cenah bari ngised méré tempat ka déwék. Atuh gék déwék sila andekak. Deker milu dahar ngariung saseubeuhna.

              Éta mah mitoha, disangka leket kana ibadah téh geuning silihbeubeut jeung minantuna.”

            “Saha minantuna téh, Wa?” ceuk baturna nanya ngaheureuyan.

            “Enya déwék, ha...ha...ha” ceuk Wa Olot bari cengkat. “Ih, geuning geus satengah tilu ieu téh, sauuuuuur...... sauuuuur.....”! ceuk Wa Olot bari nakolan kohkol.***

 


Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...