Ayang Ayang Gung
Ayang–ayang gung
Gung goongna rame
Menak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos kangjeng dalem
Lempa lempi lempong ngadu
pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

No comments:
Post a Comment