PURWAKARTA
Karya:
Atep Yogaswara
Pernahna di antara Bandung jeung Jakarta kota leutik campernik endah lir bidadari lungsur ti kahyangan
Usaha rahayatna mawa sumanget ngawangun kota
Rancagé dina gawé salin rupa tina kota pensiunan
jadi Kota Istiméwa
Wibawa Karta Raharja jadi suluk pikeun ngahontal
udagan ngawujudkeun pangharepan warga
Ahéng jeung agréng Taman Air Mancur Sibaduga jadi
ciri nu mandiri
Keramik Plered geus ngapung ngawang-ngawang ka Mancanagara jadi produk
pinunjul
Asih jeung nyaahna raja nagri mawa tingtrim ati
tenang jiwa ka rahayatna
Rancingas dina rasa mawa carita pikeun seuweu- siwi
Siliwangi terah Sunda Pajajaran
Tohaga desa jeung kota, lembur subur kota bagja,
raja, resi jeung rama ngahiji samiuk sauyunan ngawangun nagri endah tur berkah
Amanah ti karuhun kudu diraksa jeung diriksa wangsit
lain saukur padalisan-padalisan nu
dibaca tapi diamalkeun pikeun bekel di
alam jaga
Purwakarta.07.12.2019

No comments:
Post a Comment