Monday, March 4, 2024

Si Nyai rék ka Saudi





Si Nyai rék ka Saudi

 

        Wanci pecat sawed harita téh. Angin ngahiliwir ngulinkeun dangdaunan. Bangsa manuk sarukabungah di sayangna. Sawaréh tinglalenggut, ngareureuhkeun kacapé sanggeus ngiplikkeun jangjangna ti isuk-mula, néangan hakaneun. Sawaréh deui tingalajrét, luluncatan silioconan. Dina dahan peuteuy sélong sisi kebon, tikukur ngelak disada siga nu jarauh panineungan.

        Di langit panonpoé ngarayap ka luhurkeun. Cahayana parat ka dunya teu kahalangan ku méga bodas ipis nu endat-endatan.

        Bari ngareureuhkeun kacapé lantaran macul ti subuh mula, bapana Si Nyai nyarandé kana tihang saung. Dudukuy samak dipaké ngageberan awakna nu buligir.

        “Na kamana nu nganteuran téh?” Pokna lalaunan. “Ieu beuteung mani geus kukurubukan. Moal hadé nginum terus mah.”

        Rentang-rentang ti kajauhan pamajikanana katempo datang. Ngais boboko jeung ngajingjing téko. Si Ujang nuturkeun ti tukang bari nyoléndangkeun koja nu katempo dieusi ku cau ambon.

        “Na ti mana heula atuh mana beurang-beurang teuing?”

        Karék ogé nepi, manéhna geus ngaweweléh.

        “Ih, apan biasana ogé wayah kieu!” Tembal emana bari nurunkeun aisan. Geuwat ditampanan.

        “Kamana ari Si Nyai?” Emana ngarérétan ka sabudeureun kebon.

        “Itu keur ngoyos pelak cabé!” Walon salakina bari teu ngengkékeun deui celebek dahar bangun geus lapar kacida.

        “Nyai! Nyai! Ieu ompréng...” Emana gegero ka Si Nyai nu teu katempo jirimna kawantu kahalangan ku dapuran tangkal cau nu ngababadeg tengah kebon.

        “Mangga ema, sakedap!” Tembal Si Nyai.

        “Aduh, mana cai téh? Kami kabuhulan!”

        “Ih, na atuh dahar téh rusuh-rusuh teuing!” Ceuk emana bari gasik nyicikeun cai kana lumur. Song dibikeun ka salakina. Leguk diinum, tuluy neruskeun deui hanca alasna. Si Ujang nu milu nganteuran teu éléh rewog ku bapana. Hancengan sangu géléng nu meujeuhna gedé dihimel ku sorangan.

       

 

 

 

 

 

        Si Nyai nu datang pandeuri teu loba carita, am dahar ngariung. Bari ngahuap téh indungna nyarita, “Lain Nyai, tadi téh ema ditepungan Si Karmi. Ari Nyai bener kungsi nyarita rék milu ka Saudi?”

        Si Nyai katempo bangun nu reuwas, sajongjongan ngadon ngahuleng bari nguar-nguar alasna.

        “Si Karmi mana emana?”

        “Si Karmi budakna Kang Sudinta. Kapan manéhna mah geus leuwih ti heula aya béja rék ka Saudi.”

        “Ari Nyai enya kitu aya niat rék ka Saudi?”

        Nu ditanya teu gasik ngawalon, anggur beuki tungkul.

        Bapana nu geus réngsé daharna ngumbah leungeun maké cai tina téko. Tuluy ngarawél koja nu dieusi cau ambon lumut. Nyokot hiji, sanggeus dipesék am didahar.

        “Ari ema mah nyarék moal ngajurung moal. Sakirana kauntup mah ku Nyai jeung kapikiran di dituna, kolot mah ukur sambung du’a.”

        “Naha iraha Nyai nyarita ka Si Karmi rék milu ka Saudi téh?” tanya bapana.

        “Ti payun.” Walon Si Nyai pondok.

        “Keyeng Nyai rék ka Saudi téh?”

        “Manawi pareng.”

        “His, sing puguh atuh!”

        “Muhun, keyeng!”

        “Tah, kitu. Ngarah reugreug ka kolot!”

        Emana nu geus anggeus daharna, ngéntép-ngéntépkeun wawadahan. Pok deui nanya ka Si Nyai.

        “Ari karep Nyai ka Saudi téh naon?”

        Si Nyai teu ngawalon.

        “Ceuk pikiran ema mah, ulah kabita ku milik batur. Pédah di lembur urang loba anu balik ti Saudi jadi beunghar, heug Nyai hayang nurutan. Keun waé meureun éta mah geus milikna kudu kitu. Carana mah ti mana waé. Rék ti Saudi, rék ti ladang tani, atawa tina usaha naon waé, ari geus waktuna pimilikeun mah moal pahiri-hiri, Alloh mah maha kawasa, henteu héséeun ngatur rijki umatna. Urang mah sakieu ogé kurang kumaha. Keur dahar waé mah henteu hésé, atuh salin pakéan bisa, sataun sakali mah ari lebaran.

 

 

 

 

 

 

Hanas éta, Nyai cenah hayang aya kamajuan, ceuk pamikir mah teu kudu ka Saudi waé. Lain ema nyarek, poma Nyai ulah salah harti. Nu kudu dipikiran téh kulawarga. Nyai ogé nyaho, budak ema téh ngan dua-duana, Nyai jeung Si Ujang. 

        Lamun tulus téa mah Nyai rék ka Saudi, meureun ema téh moal aya nu ngabantu-bantu. Bener ayeuna ema jagjag, tapi biheung isuk pagéto mah. Lin ngarep-ngarep hayang gering, ngan manusa mah tara manteng dina hiji kaayaan. Ayeuna cageur, isukan gering. Ayeuna sangsara biheung engké mah lubak-libuk dunya...”

        Si Nyai kalah beuki tungkul. Dina kongkolak panonna ngembeng cimata. Teu lila pok nyarita, “Nyai mah hoyong mantuan ema...”

        “Sukur, katarima ku Ema ku Apa ogé, kanyaah Nyai ka kolot. Ngan, ayeuna ema sakali deui rék nanya, ari Nyai gilig niat ka Saudi téh?”

        “Gilig ema. Mamanawian aya rijki Nyai kanggo kulawarga urang. Panginten ti ditu Nyai tiasa ngintun artos kanggo Ema, Apa sareng Ujang. Nyai hoyong Si Ujang mah sakolana sing dugi ka tamatna, peupeuriheun Nyai mung dugi ka SD.” Walon Si Nyai bari seuseut teu ari balas ngingsreuk nahan kasedih.

        “Ih, ari ema mah teu ngarep-ngarep paméré ti Nyai. Ku cageur bageurna ogé nu jadi anak, geus muji sukur ka Pangeran. Lain kitu, Apana?”

        “Enya!” Walon bapana pondok.

        “Cik, Jang pangnyokotkeun dompét daun kawung Apa di saung itu!” bari ngarérét ka Si Ujang. Budak téh cengkat rék nyokot paménta bapana. Sanggeus balik deui, song dompét bako diasongkeun.

        “Jeung saha Nyi, ka Saudi téh?” tanya bapana bari mintel-mintel

bako kana daun kawung.

        “Sareng Ceu Karmi, Ceu Isah. Malih Ceu Mimi putrana Ma Onah ogé badé ngiring saurna.”

        “Si Isah budakna Mang Karma? Rék ka ditu deui nya? Asa cikénéh mulang ti Saudina téh.”

        “Muhun.”

 

 

 

 

 

 

 

 

        “Nya ari Nyai geus gilig mah niat, Apa moal ngahalang-halang. Ngan, peupeujeuh, sing bisa mawa diri di lembur deungeun. Puguh sasatna lain deukeut Saudi téh. Tangtu béda sagalana jeung di urang. Nyai masing iatna, ulah kabawa ku sakaba-kaba. Kana ibadah sing leket, neneda ka Pangéran sangkan urang diaping salawasna.“ Ceuk bapana bari nyot udud daun kawung. Serebung haseupna kaluar tina baham jeung liang irung.

            “Iraha cenah piinditeun téh, Nyi? Ema téh kudu tatahar ti ayeuna. Da moal enya lunta ka jauhna teu mawa bekel pisan mah.”

            “Sasasih deui, Ma. Perkawis bekel ulah diémutan, Nyai ogé gaduh sakedik-kedikkeun mah. Sarengna deui ongkos ka ditu ditanggel ku pausahaan nu ngiangkeun Nyai. Kitu saur Ceu Isah mah.”

            “Sanajan kitu Nyai, kolot mah hayang wé mekelan. Kabeneran aya kénéh tagiheun ka bandar cau, urut minggu tukang can dibayar.”

            “Lain, asa diingetan. Sakalian pangnagihkeun ka Mang Suminta, ladang céngék mangkukna. Susuganan geus aya. Bejakeun aya perlu penting, kituh!”

            “Seug!” Walon Emana.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

EMA, UING MAH EMBUNG LEBARAN

 




EMA, UING MAH EMBUNG LEBARAN

“Nyi Isah, omat nya, isuk ulah poho. Bawa baé budak mah, sina ulin jeung Cép Zidan!”

“Mangga Bu Haji, diéstokeun pisan!”

Sup Nyi Isah ka imah. Rét ka budakna nu keur ngeletek ulin nyonyoo momobilan palastik, momobilan nu kikipingna geus euweuh hiji. Anteng pisan katempona.

“Ngéng....ngéng...ngéng! Tidiiiiiiiiiiiid...!”, nyeta-nyeta jalma nu keur nyetiran mobil. Tuluy budak téh puputeran di tengah imah bari nanarik tali rapia panyérédna.

“Ujang, isuk urang boga gawé di bumina Haji Ningrum. Ujang meunang milu jeung Ema, tapi ulah bangor nya!”

“Enya”, budak téh unggeuk.

“Ulah galak ka Cép Zidan deuih!”

“Ah, teu sing. Saha nu sok galak. Aya gé manéhna nu sok galak ka uing!”

“Piraku Cép Zidan ngagalakan teu pupuguh! Ujang nu nyieun gara-gara ti heula meureun”

“Pira gé uing milu nyagap momobilanana. Alus tuda Ma!”

“Is, ulah sok culangung! Ujang mah neuleukeun wéh, ulah milu nyoo, bisi ruksak!”

“Momobilanana bisa maju Ma!”

“Heueuh!”, pokna bari nilepan bubututan.

“Iraha uing boga cocooan cara kitu?”, téléndén ngadeukeutan ka indungna.

“Jaga! Mun boga milik urang meuli nya! Asal Ujang kudu jadi budak anu bageur. Budak anu soléh, nu nyaah ka Ema!”

“Enya, uing nyaah ka Ema!”, budak téh nyampeurkeun, tuluy naleukeuman tonggong indungna.

“Jung geura beberesih, geura ngaji ka musola!”

Nyi Isah nangtung. Ngélék rigén wadah bubututan, tuluy diteundeun di kamarna. Jol deui ka tengah imah, kasampak Jang Isan nyoo kénéh momobilan.

“Ujang! Bisi kaburu adan. Rék ngaji moal?”

“Anteur ku Ema!”

“Ari Ujang kunaon? Biasana gé sok indit sorangan apanan!”

“Ceuk babaturan uing di musola, cenah uing mah teu meunang ngaji Ma, acan beresih cenah! Ari uing naonna nu can beresih téh kitu? Apan unggal rék indit ka musola gé uing téh mandi heula!”

Nyi Isah teu ngajawab. Panonna carindakdak. Lalaunan manéhna sideku. Beungeut anakna diteuteup, tuluy sirahna diusapan. Pok manéhna ngomong.

“Nam, geura ka cai. Ku Ema dianteurkeun ka musola. Ema rék nepungan Ustad Jamil ngarah babaturan Ujang diwurukan. Ulah aya deui nu nyaram Ujang ngaji ka musola.”

Budak téh geuning ngagugu. Léos indit muru jamban. Jamban nu kacida basajanna, sarua basajanna jeung kaayaan kahirupanana. Nyi Isah andiprek émok. Lila-lila cimatana nu ngilu cumarita. Sawirahma jeung inghakna manéhna sumambat. Nyambat nu geus taya di kieuna.

“Kang Pardi! Budak urang acan disundatan!”

“Ema, hayu!”, lamunanana kagebah ku sora anakna. Léos duanana arindit ka musola. Jang Isan katempona jigrah naker. Boga gunung pananggeuhan. Ceuk pamikirna, moal aya deui anu bisa gojéh masualkeun ayana manéhna di musola sabab ku indungna rék dilaporkeun ka Pa Ustad.

***

Balik buburuh téh rébo ku babawaan. Baju koko lulungsuran aya kana tilu setélna. Keur Jang Isan. Wareuteuh kénéh. Lian ti kitu dibekelan ogé rupa-rupa kadaharan. Kadahara nu ngareunah, kadaharan jalma jegud, nu salila ieu langka pisan kaasaan ku jalma pantar Nyi Isah. Bagja kumanjangan. Najan bari rada kerung, teu wudu haténa guligah. Kabaca tina gidigna. Kagambar tina gedig léngkahna. Dina pipikiranana pinuh ku rupa-rupa pertanyaan. Kunaon poé ieu Haji Ningrum sakulawarga balabah pisan? Pa Haji nu biasana judad-jadeud téh poé ieu mah ngadak-ngadak bet soméah. Nyambat tur ngahiap-hiap Jang Isan sina bareng ulin reujeung incu kakasihna.

“Yap ka dieu Jang Isan. Ulin jeung Cép Zidan. Yeuh, Pa Haji méré peremén!”, song hiji diasongkeun ka Jang Isan, demi nu sapak weuteuhna dibérékeun ka Cép Zidan, incu kakasihna téa.

“Poé éta ogé, ngadak-ngadak Cép Zidan bageur sikepna. Tara tuluy nékéan anakna. Aya naon-aya naon?

“Ma, baju ti Cép Zidan ké soré rék dipaké tarawéhan nya!”

“Heug! Ulah heureuy di musola téh nya Ujang!”

“Enya Ma!

“Lain tempat jang heureuy di musola mah!”

“Enya! Uing mah tara heureuy, sieun di jiwir Pa Ustad. Ma, resep uing mah mun bulan puasa téh. Loba jalma nu barangkirim ka imah urang. Jalma-jalma ngadak-ngadak balageur deuih ka uing.”

“Heueuh, Ema gé kakara sadar! Paingan atuh.....!”

“Paingan Pa Haji bageur. Paingan Cép Zidan eureun nékéan uing. Pan ayeuna téh bulan puasa Ma.”

“Is, ulah sok boga pikir goréng ka batur. Anggur tarimakeun, urang keur boga rejeki. Nam geura ka cai.”

“Uing mah embung panggih jeung lebaran Ma! Hayang salilana bulan puasa. Ngarah uing seubeuh barangdahar nu ngareunah. Ngarah uing loba nu méré baju ajang indit ka musola. Ngarah uing....”

“Geus........ulah ngomong baé! Nam geura tatan-tatan, pan deuk tarawéhan!”

Nyi Isah ngaheneng deui. Aya benerna caritaan anakna téh. Dina bulan Romadon mah kapan ceuk Ustad Jamil gé iblis téh dicangcang jeung diborogod. Iblis nu sok ngaharéwosan nitah kumed ka kaum fakir miskin keur dicarangcang. Munasabah kabéh jalma paloba-loba ngalakukeun kahadéan. Paheula-heula padamilampah kahadéan. Naon sababna? Sabab taya sétan anu sok rajeun nyarékna. Lian ti kitu, ganjaranana dilipettikelkeun. Tina hiji kahadéan nu dipilampahna, meunang ganjaran nepi ka sarébu kali lipet. Lebah dieu agungna ajaran Islam téh. Agungna bulan Romadon nu pinuh ku barokah jadi kabagjaan pikeun sakabéh jalma, kaasup jalma-jalma nu hirupna siga Nyi Isah.

Unggal poé téh aya wéh nu nganteuran dahareun ka imahna. Kitu wéh, rupa-rupa kadaharan has bulan puasa. Kolek cau, candil, bubur sumsum, jeung és buah. Malah mah nu mahanan deungeun sanguna gé aya. Enya, mahanan deungeun sangu keur buka reujeung saurna meureun. Sabada sapoé jeput Nyi Isah buburuh baranggawé di imah jalma nu nitahna. Komo Jang Isan mah, kacida bungaheunana. Ku indungna diwurukan sangkan cacap puasana. Meureun neurak papatahna, katempona budakna jadi sumanget. Sumanget dina ngalakonan puasana kitu deui tarawéhna.

Pasti kana kituna téh. Lain baé pédah diwurukan ku indungna. Aya hal séjén nu nambahan sumangetna. Kapan ayeuna mah baju kokona aya keur ganti. Kitu deui kopéahna. Malah mah sendalna gé milu ganti. Teu weléh bari haharingan pareng inditna ka musola ogé. Ngahariring lagu nadom meunang ngawurukan Ustad Jamil di pangajian.

“Solatulloh, salamulloh. ‘Ala toha rosulillah”, sorana nu rada cempréng ngusapan kapeurih indungna. Kapeurih ku héngkérna pangaboga. Kapeurih ku waluratna kaayaan. Sasat hirup aya dina tungtung curuk batur, miharep nu haat milu mikahéman kana nasib kahirupanana. Ngan hiji nu jadi pangbeberah haténa. Hiji nu jadi pangbébénjo kapeurih hirupna. Jang Isan! Dina do’a nu dipéntana, dina amparan harepanana ukur hiji nu tuluy digalindengkeun, sangkan Jang Isan jadi budak anu soléh. Daék ngaji, daék salat, daék puasa sarta mikahormat nu jadi kolotna.

Puasa manjing waktu katompérnakeun. Di unggal imah mimiti euyeub ku karancagéan masing-masing pangeusina. Nu barangjieun kadaharan, nu getén beberesih jeung mapaés kaayaan imahna, nu aleut-aleutan balanja sarta nu paagul-agul darajat kahirupanana ogé aya. Sedeng Nyi Isah nasibna henteu barobah. Ti mangsa ka mangsa. Ti taun ka taun. Angger. Manéhna ukur jadi panongton nu satia. Nyérangkeun ku panon haténa nu sabenerna ditalian rasa ngenes. Ngenes kana nasib nu ngabaguded dirina.

Puasa katompérnakeun. Kaayan di musola Ustad Jamil geus mimiti haneuteun. Haneuteun ku réana jalma-jalma nu deuk ngayakeun takbiran. Kolot-budak tinglaliud, minuhan legana éta patempatan. Allohu akbar-allohu akabar! Sora takbir ngabuana aweuhanna. Ngajak muji kana kaagungan Nu Maha Murbéing alam. Ngajak nyucikeun diri tina rereged dosa-perdosaan salila hirup kumelendang di alam pawenangan.

Allohu akbar-allohu akbar! Sora takbir minuhan madhab papat. Keur sadirieun Nyi Isah, sora takbir jadi robah wirahmana. Jadi kawih nu ngagerihan gurat-gurat kapeurih dina dirina. Sora takbir karasana nambah kelar ninggang raga. Raga nu mimiti dieunteupan kahariwang. Mun puasa geus lekasan, naha bakal aya kénéh jalma nu haat nyambung nyawana? Nongtoréng kénéh na pangdéngéna, basa Jang Isan nyarita, “Ema! Uing mah embung lebaran.”

 

Sumber: Carpon Mangle, 8-14 September 2011 No: 2338

 

 


Aksara Sunda Kaganga

 




Aksara Sunda Kaganga

Dumasar kana catetan sajarah, aksara Sunda geus dipaké ku urang Sunda ti abad ka-14. Tapakna bisa dititénan dina Prasasti Kawali (Prasasti Astana Gedé). Éta prasasti téh dijieun pikeun pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastukancana, Raja Galuh anu puseur pamaréntahanana di Kawali, Ciamis (1371-1475). Aksara Sunda Kaganga ogé dipaké dina Prasasti Kabantenan abad ka-15.

Ti iraha mimitina aya aksara Sunda? Can kapaluruh kalawan jinek. Anu jelas mah saméméh abad ka-14, umumna prasasti jeung naskah lontar ngagunakeun aksara séjén, saperti aksara Pallawa (prasasti Tugu abad ka-4) jeung aksara jawa Kuno (Prasasti Sanghyang Tapak abad ka-11). Basana ogé ngagunakeun basa Sanksekerta jeung Jawa Kuno. Kakara abad ka-14 kadieu, aksara Sunda dipaké dina prasasti jeung naskah kuno.

Naskah-naskah kuno Sunda anu ngagunakeun aksara Sunda Kuno jeung basa Sunda kuno di antarana Carita Parahyangan nu ditulis abad ka-16, naskah Bujangga Manik jeung Séwaka Darma anu ditulis dina mangsa anu méh sarua jeung Carita Parahyangan.

Naskah-naskah kuno Sunda umumna patali jeung kaagamaan sarta dina kabuyutan atawa mandala. Mandala téh nya éta wewengkon atawa lingkungan kaagamaan. Puseur kaagamaan urang Sunda harita umumna perenahna di gunung-gunung saperti di Gunung Galunggung, Kumbang, Ciburuy, jeung Jayagiri. Sabada asupna agama Islam, puseur-puseur kaagamaan téh ayana di pasantrén-pasantrén.

Lila-lila aksara Sunda Kaganga mimiti kadéséh ku aksara Arab Pégon. Beuki dieu beuki carang urang Sunda anu nulis ku aksara Sunda. Naskah-naskah heubeul anu geus ngagunakeun aksara Arab Pégon di antarana Kitab Waruga Jagat ti Sumedang jeung Pancakaki Masalah Karuhun Kabéh ti Ciamis anu ditulis abad ka- 18. Basana ogé ngagunakeun basa Jawa.

Aksara Sunda beuki kadéséh baé sabada aksara Latén diwanohkeun ku bangsa-bangsa Éropah anu ngeréh Tanah Sunda, abad ka-17. Mareng jeung asupna pangaruh Mataram (Sultan Agung) anu ngawanohkeun aksara Jawa anu ku urang disebut aksara Cacarakan. Naskah Sunda anu ngagunakeun aksara Cacarakan, di antarana Babad Pakuan jeung Babad Pajajaran anu ditulis taun 1816.

 

Aksara Sunda Lulugu

            Sabada sababaraha abad tingle, aksara Sunda diwanohkeun deui, nya éta anu kiwari disebut Aksara Sunda Kaganga. Éta ogé henteu sacéréwélna tina aksara Sunda anu aya dina naskah-naskah kuno Sunda. Aya sababaraha hal anu dimodifikasi, di antarana ditambahan ku aksara-aksara anus ok dipaké nuliskeun basa deungeun kayaning fa, va, qa, xa, jeung za. Pamungkas ditambahan ku aksara kha jeung sya.

            Éta modifikasi téh hasil padungdengan paraahli, dumasar kana aksara Sunda Kuno anu geus nyampak. Ti dinya disusun baé anu disebut aksara Sunda lulugu (baku), sangkan aya kasaragaman, pangpangna mah pikeun kapentingan pangajaran di sakola-sakola. Sabab nyindekel kana Perda Jabar Nomer 6 Taun 1996 ngeunaan Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda. Aksara Sunda kudu diajarkeun di sakola-sakola. Aksara Sunda dianggap jadi salasahiji kareueus urang Sunda sarta jadi cirri idéntitas sélér bansa Sunda.

            Sanajan geus aya aksara Sunda luluguna, tapi aksara Sunda miboga sababaraha variasi saperti anu mindeng kapanggih dina sawatara buku pangajaran aksara Sunda. Sapanjang masih kénéh suméndér kana wangun luluguna, variasi-variasi dina aksara Sunda heunteu bisa dianggap salah. Malah aya alusna, jadi milu ngabeungharan kana aksara Sunda lulugu.

 


Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...