Sunday, October 3, 2021

Mikawanoh Pupujian

 


Mikawanoh Pupujian

Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Asalna tina sa’ir atawa si’ir, nya éta puisi anu asalna tina sastra Arab. Wangunna méh taya bédana jeung sa’ir.  Umumna diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta dina sapadalisanana diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana, jeung sajabana. Purwakanti dina pupujian umumna purwakanti laras wekas atawa murwakanti di tungtung.

Conto

Geuning maot ngadodoho,         - ho

boro sok dipoho-poho,               - ho

datangna teu méré nyaho,           - ho

ngageretak taya témpo.              - po

Conto séjénna

Anak Adam naha anjeun heunteu sadar,            - ar

hirup di dunya téh moal megar.              - ar

 

Pupujian sok disebut ogé nadom. Sumebar sacara lisan ngaliwatan pasantrén jeung madrasah.

Sacara gurat badagna mah fungsi pupujian téh aya anu miboga éksprési jeung aya anu miboga fungsi sosial. Fungsi éksprési maksudna pikeun ngébréhkeun kereteg ati anu ngarangna; ari fungsi sosial maksudna pikeun méré pangajaran atawa mépélingan ka balaréa. Tapi dina kamekaranana, fungsi sosial leuwih gedé tibatan fungsi éksprési.

Disawang tina eusina, pupujian téh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, di antarana:

a.       Muji ka Gusti Alloh

Conto

Ya Alloh nu sipat rohman,

ni’matna ngawalatraan,

sadayana kabagian,

ka nu kapir ka nu iman.

 

b.      Solawat ka Kangjeng Nabi

Conto

Rohmat Alloh salam Alloh,

ka Toha utusan Alloh,

rohmat Alloh salam Alloh,

ka Yasin kakasih Alloh.

 

c.       Do’a jeung Tobat ka pangéran

Conto

Mugi Gusti ngahampura,

kana dosa jisim abdi,

sareng dosa ibu-rama,

dulur muslimat-muslimin

 

d.      Pépéling

Conto

Éling-éling dulur kabéh,

ibadah ulah campoléh,

beurang peuting ulah weléh,

bisina kaburu paéh.

 

e.       Ajaran Agama

Conto

Pardu wudu aya genep sadayana,

hiji niat kadua ngumbah beungeutna,

tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna,

opat ngusap saeutik tina sirahna,

lima ngumbah suku dua jeung muncangna,

genep tartib sing puguh runtuyanana.

Mikawanoh Sisindiran

 




A. BACAAN

Saméméh hidep mikawanoh jeung nulis sisindiran, baca heula conto sisindiran di handap, anu ngawemgku rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan!

 

SISINDIRAN

 

1. Rarakitan

 

(1) Piwuruk

 

Sing getol nginum jajamu,

Nu guna nguatkeun urat.

Sing getol néangan élmu,

Nu guna dunya ahérat

Lamun hayang ulin beurang,

Ulah maké kaos kutang.

Lamun hayang hirup senang,

Ulah daék loba hutang.

 

(2) Sésébréd

 

Rarasaan rék ka Lémbang,

Teu nyaho ka Cibaduyut.

Rarasaan awak lenjang,

Teu nyaho awakna gendut

Kamari ka Pasirpogor,

Ayeuna ka Sukasari

Kamari mah sentak sengor,

Ayeuna mah sura-seuri

 

 

 

(3) Silihasih

 

Hayang teuing kuéh bugis,

Henteu bisa ngasakanana.

Hayang teuing ka nu geulis,

Teu bisa ngakalanana

Sapanjang jalan Cibogo,

Moal weléh dipapaés

Sapanjang can nyebut bogoh

Moal welég di-SMS.

 

2. Paparikan

 

(1) Piwuruk

 

Hampelas raraga jati,

Palataran babaléan.

Iklas raga reujeung pati,

Ngabélaan bebeneran

Ka kulah nyiar  kapiting,

Ka nu bala ngala suluh.

Ualah sok liar ti peuting,

Di sakola matak tunduh.

 

(2) Sésébréd

 

Ngala térong jeung kalapa,

Dibawa ka kebon cikur.

Nu gondrong jaman ayeuna,

Teu wawuh ka tukang cukur.

Cau naon-cau naon,

Cau kulutuk di juru.

Bau naon bau naon

Bau nu hitut di juru

 

 

(3) Silihasih

Meuncit meri dina rakit

Boboko wadah bakatul

Lain nyeri ku panyakit

Kabogoh direbut batur

Boboko luhureun imah

Ninggang kana pileuiteun

Ari bogoh tong ka sémah

Lamun anggang sok leungiteun

 

3. Wawangsalan

 

Kendang gedé pakauman

Dag-dig-dug rasaning  ati

Wangsalna: bedug

 

 

Teu beunang dihurang sawah

Teu beunang dipikameumeut

Wangsalna: simeut

 

Belut sisit saba darat

Kapiraray siang wengi

Wangsalna: oray

 

Teu puguh monyét hideungna

Asa teu puguh tungtungna

Wangsalna: lutung

Abdi mah kapiring leutik,

Isin teuing kju Gamparan

Wangsalna: pisin

Kembang bodas buah bunder

ngaheruk nya pipikiran

Wangsalna: jeruk

 


 

B. PEDARAN

 

Mikawanoh Sisindiran

 

Sisindiran téhdiwangun ku rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan. Dumasar kana eusina, rarakitan jeung paparikan téh bisa dipasing-pasing jadi tilu bagian, nyaéta anu ngandung piwuruk, silihasih, jeung sésébréd. Ari umumna wawangsalan mah eusina téh silihasih baé.

 

1. Rarakitan

Tengetan deui conto rarakitan di luhur!

 

(1) Rarakitan diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi. Rarakitan dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusina.

(2) Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Geura urang titénan:

a. Sing ge-tol ngi-num ja-ja-mu

b. Nu gu-na ngu-at-keun u-rat

c. Sing ge-tol né-ang-an él-mu

d. Nu gu-na du-nya a-hé-rat.

(3) Anu matak  disebut rarakitan ku lantaran kecap awal dina padalisan kahiji cangkang, sarua jeung kecap mimiti dina padalisan kahiji eusi. Dina conto di luhur mah kecap sing. Kitu deui kecap awal dina padalisan kadua cangkang sarua jeung kecap awal dina padalisan kadua eusi, nyaéta  kecap nu. Ku lantaran sarua kecap awalna, dipapandékeun

Kana rakit anu papak puhuna, nya disaebut baé rarakitan.

(4) Antara cangkang jeung eusi, sarua sorana (murwakanti) di bagian tungtungna.

 

2. Paparikan

 

Tengetan deui conto paparikan di luhur!

(1) Paparika ogé diwangun ku cangkang jeung eusi. Lobana cangkang, sarua jeung lobana eusi. Paparikan dina sapadana diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, ari padalisankatilu jeungkaopat mangrupa eusina.

(2) Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Geura urang titénan:

a. a-ya me-ri di-na ra-kit

b. bo-bo-ko wa-dah ba-ka-tul

c. la-in nye-ri ku pa-nya-kit

d. ka-bo-goh di-re-but ba-tur

(3) anu matak disebut paparikan ku lantaran padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana (murwakanti) jeung padalisan katilu eusi. Kitu deui padalisan kadua cangkang, murwakanti jeung padalisan kaopat eusi. Paparikan asalna tina kecap parek  anu ngandung harti padeukeut.

(4) Antara cangkang jeung eusi murwakanti bagian tungtungna.

 

3. Wawangsalan

 

Tengetan deui conto wawangsalan di luhur!

(1) Wawangsalan mah dina sapadana diwangun ku dua padalisan. Sapadalisan cangkang, jeung sapadalisan eusi.

 

(2) Unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Geura urang titénan!

a. be-lut si-sit sa-ba da-rat,

b. ka-pi-ra-ray si-ang we-ngi.

 

(3) Bagian cangkang mangrupa katerangan ngeunaan hiji barang atawa hal. Éta barang téh kudu ditéangan tina salahsahiji kecap anu sasora anu aya dina bagian cangkang. Lamun ditogmolkeun mah kieu: Naon ari “belut sisit saba darat” téh? Jawabanana aya dina kecap anu sasora, boh bagian awalna, boh bagian hareupna nu aya dina “kapiraray siang wengi”. Jawabanana nyaéta “oray”, anu salahsahiji engangna aya dina kecap “kapiraray”. Tah, “oray” téh disebut wangsalna.

 

(4) Dina seuhseuhanana mah, wawangsalan téh henteu béda jeung tatarucingan atawa teteguhan, anu jawabanana diwangsalkeun (disumputkeun, disamunikeun) dina salahsahiji kecap anu aya dina bagian cangkangna. Éta sababna wangun saperti kitu disebut wawangsalan.


Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...