Thursday, August 12, 2021

HUJAN

HUJAN

Karya: Atep Yogaswara

 Hideung tandaning awan kebek ku kabeurat nahan pihujaneun lir gelebeg nu beurat pinuh rasa teu bisa wakca balaka

Ukiran tresna na angin ngadalingding lir rumpaka tembang nu mawa haté tenang

Jajapkeun ku rasa kahariang jeung kamelang da kembang na taman haté teu aya nu maliré

Alam teu bisa kumawasa basa caahna rasa mudal di taman asmara megatkeun kembang-kembang kayakinan nu geus pageuh anteb na deudeuh

Ngolocorna cai kahariwang dina jiwa nu longkéwang nalika salira kedaling lisan disaksian ku gunung parang nu mawa rasa kemelang.

 

 

Purwakarta.07.12.2019


No comments:

Post a Comment

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...