Monday, March 4, 2024

Si Nyai rék ka Saudi





Si Nyai rék ka Saudi

 

        Wanci pecat sawed harita téh. Angin ngahiliwir ngulinkeun dangdaunan. Bangsa manuk sarukabungah di sayangna. Sawaréh tinglalenggut, ngareureuhkeun kacapé sanggeus ngiplikkeun jangjangna ti isuk-mula, néangan hakaneun. Sawaréh deui tingalajrét, luluncatan silioconan. Dina dahan peuteuy sélong sisi kebon, tikukur ngelak disada siga nu jarauh panineungan.

        Di langit panonpoé ngarayap ka luhurkeun. Cahayana parat ka dunya teu kahalangan ku méga bodas ipis nu endat-endatan.

        Bari ngareureuhkeun kacapé lantaran macul ti subuh mula, bapana Si Nyai nyarandé kana tihang saung. Dudukuy samak dipaké ngageberan awakna nu buligir.

        “Na kamana nu nganteuran téh?” Pokna lalaunan. “Ieu beuteung mani geus kukurubukan. Moal hadé nginum terus mah.”

        Rentang-rentang ti kajauhan pamajikanana katempo datang. Ngais boboko jeung ngajingjing téko. Si Ujang nuturkeun ti tukang bari nyoléndangkeun koja nu katempo dieusi ku cau ambon.

        “Na ti mana heula atuh mana beurang-beurang teuing?”

        Karék ogé nepi, manéhna geus ngaweweléh.

        “Ih, apan biasana ogé wayah kieu!” Tembal emana bari nurunkeun aisan. Geuwat ditampanan.

        “Kamana ari Si Nyai?” Emana ngarérétan ka sabudeureun kebon.

        “Itu keur ngoyos pelak cabé!” Walon salakina bari teu ngengkékeun deui celebek dahar bangun geus lapar kacida.

        “Nyai! Nyai! Ieu ompréng...” Emana gegero ka Si Nyai nu teu katempo jirimna kawantu kahalangan ku dapuran tangkal cau nu ngababadeg tengah kebon.

        “Mangga ema, sakedap!” Tembal Si Nyai.

        “Aduh, mana cai téh? Kami kabuhulan!”

        “Ih, na atuh dahar téh rusuh-rusuh teuing!” Ceuk emana bari gasik nyicikeun cai kana lumur. Song dibikeun ka salakina. Leguk diinum, tuluy neruskeun deui hanca alasna. Si Ujang nu milu nganteuran teu éléh rewog ku bapana. Hancengan sangu géléng nu meujeuhna gedé dihimel ku sorangan.

       

 

 

 

 

 

        Si Nyai nu datang pandeuri teu loba carita, am dahar ngariung. Bari ngahuap téh indungna nyarita, “Lain Nyai, tadi téh ema ditepungan Si Karmi. Ari Nyai bener kungsi nyarita rék milu ka Saudi?”

        Si Nyai katempo bangun nu reuwas, sajongjongan ngadon ngahuleng bari nguar-nguar alasna.

        “Si Karmi mana emana?”

        “Si Karmi budakna Kang Sudinta. Kapan manéhna mah geus leuwih ti heula aya béja rék ka Saudi.”

        “Ari Nyai enya kitu aya niat rék ka Saudi?”

        Nu ditanya teu gasik ngawalon, anggur beuki tungkul.

        Bapana nu geus réngsé daharna ngumbah leungeun maké cai tina téko. Tuluy ngarawél koja nu dieusi cau ambon lumut. Nyokot hiji, sanggeus dipesék am didahar.

        “Ari ema mah nyarék moal ngajurung moal. Sakirana kauntup mah ku Nyai jeung kapikiran di dituna, kolot mah ukur sambung du’a.”

        “Naha iraha Nyai nyarita ka Si Karmi rék milu ka Saudi téh?” tanya bapana.

        “Ti payun.” Walon Si Nyai pondok.

        “Keyeng Nyai rék ka Saudi téh?”

        “Manawi pareng.”

        “His, sing puguh atuh!”

        “Muhun, keyeng!”

        “Tah, kitu. Ngarah reugreug ka kolot!”

        Emana nu geus anggeus daharna, ngéntép-ngéntépkeun wawadahan. Pok deui nanya ka Si Nyai.

        “Ari karep Nyai ka Saudi téh naon?”

        Si Nyai teu ngawalon.

        “Ceuk pikiran ema mah, ulah kabita ku milik batur. Pédah di lembur urang loba anu balik ti Saudi jadi beunghar, heug Nyai hayang nurutan. Keun waé meureun éta mah geus milikna kudu kitu. Carana mah ti mana waé. Rék ti Saudi, rék ti ladang tani, atawa tina usaha naon waé, ari geus waktuna pimilikeun mah moal pahiri-hiri, Alloh mah maha kawasa, henteu héséeun ngatur rijki umatna. Urang mah sakieu ogé kurang kumaha. Keur dahar waé mah henteu hésé, atuh salin pakéan bisa, sataun sakali mah ari lebaran.

 

 

 

 

 

 

Hanas éta, Nyai cenah hayang aya kamajuan, ceuk pamikir mah teu kudu ka Saudi waé. Lain ema nyarek, poma Nyai ulah salah harti. Nu kudu dipikiran téh kulawarga. Nyai ogé nyaho, budak ema téh ngan dua-duana, Nyai jeung Si Ujang. 

        Lamun tulus téa mah Nyai rék ka Saudi, meureun ema téh moal aya nu ngabantu-bantu. Bener ayeuna ema jagjag, tapi biheung isuk pagéto mah. Lin ngarep-ngarep hayang gering, ngan manusa mah tara manteng dina hiji kaayaan. Ayeuna cageur, isukan gering. Ayeuna sangsara biheung engké mah lubak-libuk dunya...”

        Si Nyai kalah beuki tungkul. Dina kongkolak panonna ngembeng cimata. Teu lila pok nyarita, “Nyai mah hoyong mantuan ema...”

        “Sukur, katarima ku Ema ku Apa ogé, kanyaah Nyai ka kolot. Ngan, ayeuna ema sakali deui rék nanya, ari Nyai gilig niat ka Saudi téh?”

        “Gilig ema. Mamanawian aya rijki Nyai kanggo kulawarga urang. Panginten ti ditu Nyai tiasa ngintun artos kanggo Ema, Apa sareng Ujang. Nyai hoyong Si Ujang mah sakolana sing dugi ka tamatna, peupeuriheun Nyai mung dugi ka SD.” Walon Si Nyai bari seuseut teu ari balas ngingsreuk nahan kasedih.

        “Ih, ari ema mah teu ngarep-ngarep paméré ti Nyai. Ku cageur bageurna ogé nu jadi anak, geus muji sukur ka Pangeran. Lain kitu, Apana?”

        “Enya!” Walon bapana pondok.

        “Cik, Jang pangnyokotkeun dompét daun kawung Apa di saung itu!” bari ngarérét ka Si Ujang. Budak téh cengkat rék nyokot paménta bapana. Sanggeus balik deui, song dompét bako diasongkeun.

        “Jeung saha Nyi, ka Saudi téh?” tanya bapana bari mintel-mintel

bako kana daun kawung.

        “Sareng Ceu Karmi, Ceu Isah. Malih Ceu Mimi putrana Ma Onah ogé badé ngiring saurna.”

        “Si Isah budakna Mang Karma? Rék ka ditu deui nya? Asa cikénéh mulang ti Saudina téh.”

        “Muhun.”

 

 

 

 

 

 

 

 

        “Nya ari Nyai geus gilig mah niat, Apa moal ngahalang-halang. Ngan, peupeujeuh, sing bisa mawa diri di lembur deungeun. Puguh sasatna lain deukeut Saudi téh. Tangtu béda sagalana jeung di urang. Nyai masing iatna, ulah kabawa ku sakaba-kaba. Kana ibadah sing leket, neneda ka Pangéran sangkan urang diaping salawasna.“ Ceuk bapana bari nyot udud daun kawung. Serebung haseupna kaluar tina baham jeung liang irung.

            “Iraha cenah piinditeun téh, Nyi? Ema téh kudu tatahar ti ayeuna. Da moal enya lunta ka jauhna teu mawa bekel pisan mah.”

            “Sasasih deui, Ma. Perkawis bekel ulah diémutan, Nyai ogé gaduh sakedik-kedikkeun mah. Sarengna deui ongkos ka ditu ditanggel ku pausahaan nu ngiangkeun Nyai. Kitu saur Ceu Isah mah.”

            “Sanajan kitu Nyai, kolot mah hayang wé mekelan. Kabeneran aya kénéh tagiheun ka bandar cau, urut minggu tukang can dibayar.”

            “Lain, asa diingetan. Sakalian pangnagihkeun ka Mang Suminta, ladang céngék mangkukna. Susuganan geus aya. Bejakeun aya perlu penting, kituh!”

            “Seug!” Walon Emana.

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

No comments:

Post a Comment

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...