Aksara
Sunda Kaganga
Dumasar kana catetan sajarah,
aksara Sunda geus dipaké ku urang Sunda ti abad ka-14. Tapakna bisa dititénan
dina Prasasti Kawali (Prasasti Astana Gedé). Éta prasasti téh dijieun pikeun
pangéling-ngéling ka Prabu Niskala Wastukancana, Raja Galuh anu puseur
pamaréntahanana di Kawali, Ciamis (1371-1475). Aksara Sunda Kaganga ogé dipaké
dina Prasasti Kabantenan abad ka-15.
Ti iraha mimitina aya aksara
Sunda? Can kapaluruh kalawan jinek. Anu jelas mah saméméh abad ka-14, umumna
prasasti jeung naskah lontar ngagunakeun aksara séjén, saperti aksara Pallawa
(prasasti Tugu abad ka-4) jeung aksara jawa Kuno (Prasasti Sanghyang Tapak abad
ka-11). Basana ogé ngagunakeun basa Sanksekerta jeung Jawa Kuno. Kakara abad
ka-14 kadieu, aksara Sunda dipaké dina prasasti jeung naskah kuno.
Naskah-naskah kuno Sunda anu
ngagunakeun aksara Sunda Kuno jeung basa Sunda kuno di antarana Carita
Parahyangan nu ditulis abad ka-16, naskah Bujangga Manik jeung Séwaka Darma anu
ditulis dina mangsa anu méh sarua jeung Carita Parahyangan.
Naskah-naskah kuno Sunda umumna
patali jeung kaagamaan sarta dina kabuyutan
atawa mandala. Mandala téh nya éta wewengkon atawa lingkungan kaagamaan.
Puseur kaagamaan urang Sunda harita umumna perenahna di gunung-gunung saperti
di Gunung Galunggung, Kumbang, Ciburuy, jeung Jayagiri. Sabada asupna agama
Islam, puseur-puseur kaagamaan téh ayana di pasantrén-pasantrén.
Lila-lila aksara Sunda Kaganga
mimiti kadéséh ku aksara Arab Pégon. Beuki dieu beuki carang urang Sunda anu
nulis ku aksara Sunda. Naskah-naskah heubeul anu geus ngagunakeun aksara Arab
Pégon di antarana Kitab Waruga Jagat ti Sumedang jeung Pancakaki Masalah
Karuhun Kabéh ti Ciamis anu ditulis abad ka- 18. Basana ogé ngagunakeun basa
Jawa.
Aksara Sunda beuki kadéséh baé
sabada aksara Latén diwanohkeun ku bangsa-bangsa Éropah anu ngeréh Tanah Sunda,
abad ka-17. Mareng jeung asupna pangaruh Mataram (Sultan Agung) anu
ngawanohkeun aksara Jawa anu ku urang disebut aksara Cacarakan. Naskah Sunda
anu ngagunakeun aksara Cacarakan, di antarana Babad Pakuan jeung Babad
Pajajaran anu ditulis taun 1816.
Aksara
Sunda Lulugu
Sabada
sababaraha abad tingle, aksara Sunda diwanohkeun deui, nya éta anu kiwari
disebut Aksara Sunda Kaganga. Éta ogé henteu sacéréwélna tina aksara Sunda anu
aya dina naskah-naskah kuno Sunda. Aya sababaraha hal anu dimodifikasi, di
antarana ditambahan ku aksara-aksara anus ok dipaké nuliskeun basa deungeun
kayaning fa, va, qa, xa, jeung za. Pamungkas ditambahan ku aksara kha jeung
sya.
Éta
modifikasi téh hasil padungdengan paraahli, dumasar kana aksara Sunda Kuno anu
geus nyampak. Ti dinya disusun baé anu disebut aksara Sunda lulugu (baku),
sangkan aya kasaragaman, pangpangna mah pikeun kapentingan pangajaran di
sakola-sakola. Sabab nyindekel kana Perda Jabar Nomer 6 Taun 1996 ngeunaan
Basa, Sastra, jeung Aksara Sunda. Aksara Sunda kudu diajarkeun di
sakola-sakola. Aksara Sunda dianggap jadi salasahiji kareueus urang Sunda sarta
jadi cirri idéntitas sélér bansa Sunda.
Sanajan
geus aya aksara Sunda luluguna, tapi aksara Sunda miboga sababaraha variasi
saperti anu mindeng kapanggih dina sawatara buku pangajaran aksara Sunda.
Sapanjang masih kénéh suméndér kana wangun luluguna, variasi-variasi dina
aksara Sunda heunteu bisa dianggap salah. Malah aya alusna, jadi milu ngabeungharan
kana aksara Sunda lulugu.

No comments:
Post a Comment