CARITA DINA BULAN PUASA
Karya: Agus Mulyana
Di antara abdi dalem aya hiji pagawe anu resep heureuy.
Nelahna Wa Olot. Manéhna sok niru-niru kangjeng dalem upama nuju ngawurukan.
Siga dina hiji peuting bulan puasa, bari diriung ku batur-baturna, manéhna
nyarita kieu:
“Ponggawa, déngékeun ku anjeun, unggal pagawé kudu bisa
nempatkeun pagawéanana minangka hiji ibadah. Ari kalungguhan anu dicekel
mangrupa titipan ti Gusti Alloh, anu sawaktu-waktu pasti bakal diécagkeun. Jadi
ponggawa pasti bakal eureun, jadi kuwu, cutak, nanaon ogé pasti hiji mangsa bakal
eureun. Ayeuna kari urang mikiran diri sorangan, geus nepi ka mana
tanggung-jawab salaku hiji pagawé luyu jeung pagawéanana; nepi ka salawasna
jadi ibadah di payuneun Alloh Subhanahu wata’ala.” Ceuk Wa Olot bari
lalagedayan bangun anu carangkeul.
Éta téh mapatahan? Kutan anu tara puasa ogé bisa
mapatahan?” ceuk baturna bari seuri.
“Sumpahna ogé, euy, déwék mah daék dicéntang ku katepél.
Déwék téh geus husnul khotimah. Baréto mah keur ngora, enya tara puasa.
Tampolana sabulan campleng kudu ngodoanana ogé. Tapi ayeuna sanggeus kolot
kieu, déwék téh geus imsak, aéh...insap. Duka pédah mindeng diwurukan ku
kangjeng dalem meureun.
Mani rus-ras cariosan kangjeng dalem, cenah: saéran dina
kitéja-eunteup dina cocongoan, Pangéran tara bébéja-nyabut nyawa teu kanyahoan.
Tah, palebah teu kanyahoan, déwék ngarasa inggis. Kumaha
lamun déwék kerelek paéh teu kanyahoan, mangkaning can bisa jampé tobat. Ku
kituna, itung-itung ngalebur dosa, unggal bulan puasa, déwék salawasna tamat.”
“Na siah, ngaréken nu gélo ka déwék!” Wa Olot nyentak.
“Tuh, nya. Kakara diheureuyan kitu geus nyereng. Ieuh, Wa
Olot, ari puasa téh kudu merangan hawa napsu. Ieu mah kakara bisa puasa
meueusan geus agul, geus ngaku husnul khotimah. Ari jadi jelema tong hayang
kapuji, sabab sagala puji kagungan Alloh. Ulah asa bener sorangan, asa pinter
sorangan, asa hébat sora.....ngan.
Tong jauh-jauh, upama sawala minggon ngan Wa Olot nu sok
usul bari mahiwal téh. Loba waé pepeletékanana. Teu percaya téa, teu sapagodos
téa, teu saluyu téa. Lamun sawala aya Uwa tara téréh-téréh anggeus. Komo lebah
aya iuran mah. Contona iuran keur ngaliwt kamari, batur-batur mah sok duitna,
sok béasna. Ari Uwa? Célékéték téh béas sacangkir ogé kurang, mani asa
pangpangna, tapi teu guyub jeung batur.
Paingan ceuk Ki Kuwu, lamun di kadaleman euweuh Wa Olot,
pasti bakal aman.”
“Aéh-aéh, na kalah mamawa Ki Kuwu. Pantes waé Ki Kuwu mah
jalma sugih tur pinter déwék mah sabalikna. Meunggeus ah, tong mamawa Ki Kuwu,
déwék rék ngadongéng pangalaman puasa mangsa keur ngora.
Rumasa euy, déwék mah ti bubudak tara puasa. Ngan, waktu
boga pamajikan, déwék maksakeun puasa. Dina puasa poé kasalapanlikur, déwék
nékad. Lantaran di imah euweuh sasaha, mitoha lalaki euweuh, mitoha awéwé
euweuh, pamajikan ogé euweuh teuing ka mana. Gidig waé déwék ka dapur.
Gura-giru nyiuk kéjo sapiring metung. Top, deungeunna goréng asin jeung sambel goang.
Keteyep ngadeukeutan goah, sabab hiji-hijina tempat anu
merenah pikeun nyumput keur anu henteu puasa mah nya éta goah.
Na atuh, barang panto goah
dibukakeun, ari bréh téh mitoha lalaki, mitoha awéwé, jeung pamajikan keur
cacamuilan ngahanca liwet dipedaan. Barang nempo déwék nananggeuy piring,
mitoha lalaki ngabagéakeun.
Aéh geuning Ujang, sumpah Jang, Abah mah keur puasa.
Barangdahar sotéh keur marab cacing dina jero beuteung,” cenah bari ngised méré
tempat ka déwék. Atuh gék déwék sila andekak. Deker milu dahar ngariung
saseubeuhna.
“Saha minantuna téh, Wa?” ceuk baturna nanya
ngaheureuyan.
“Enya déwék, ha...ha...ha” ceuk Wa Olot bari cengkat.
“Ih, geuning geus satengah tilu ieu téh, sauuuuuur...... sauuuuur.....”! ceuk
Wa Olot bari nakolan kohkol.***

No comments:
Post a Comment