Sunday, August 8, 2021

PAGUNEMAN YAYAN JEUNG ADANG


                
PAGUNEMAN YAYAN JEUNG ADANG

 

Yayan

:

Punten!

Adang

:

Mangga! Éh, geuning Yayan. Mangga ka lebet, Yan!

Yayan

:

Hatur nuhun, da moal lami ieu téh.

Adang

:

Aya naon Yan?”

Yayan

:

Nu mawi, abdi téh dijurungan ku pun bapa, engké wengi Pa Sukmana dilulungsur linggih di rorompok, ba’da Isa

Adang

:

Aya acara naon kitu, Yan?

Yayan

:

Badé sukuran sakantenan wawanohan abdi sakulawargi sareng urang deui.

Adang

:

Oh, muhun, ké didugikeun ka pun bapa. Kaleresan pun bapana teu acan sumping ti kantor, biasana sonten.

Yayan

:

Muhun, hatur nuhun sateuacanna ogé. Abdi badé permios, seueur kénéh bujeungen.”

Adang

:

“Ké, Yan, ulah rurusuhan. Cai-cai heula atuh.”

Yayan

:

“Nuhun Dang, cekap ieu gé.sakantenan wé atuh Adang, engké wengi diantosan di rorompok, méh abdi aya batur.”

Adang

:

“Insya Alloh Yan, boa engké sonten gé abdi ka bumi Yayan, nya ngabantos-bantos naon waé atuh.”

Yayan

:

“Diantos pisan. Nuhun, Dang. Mangga atuh.”

Adang

:

“Mangga.”

 

No comments:

Post a Comment

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...