BULAN SAPASI
Karya: Atep Yogaswara
Bébéné pupundén haté
Ulah pegat duriat parat dugi ka
ahérat
Longkéwangna rasa na jiwa
cangcaya
Aya basa na carita lir taman
cinta di sawargaloka
Nitih wanci nu mustari,
ninggang mangsa nu utama
Saksi diri na caangna nyarengan
Angin bajra nganteurkeun
kamelang rasa
Pernahna na diri nu kinkin
Angin asih nu bihari nogéncang na kembang asih pileuleuyan
Sumoréangna mangsa teu bisa
pegat
Iman jeung taqwa nu marengan
medar léngkah di alam jaga
Akrostik.
Purwakarta.13.12.2019

No comments:
Post a Comment