Monday, August 14, 2023

NYUKCRUK GALUR SAJARAH PURWAKARTA

 


NYUKCRUK GALUR

SAJARAH PURWAKARTA

 

Dina jaman VOC abad ka-17, kacaturkeun Sultan Mataram ngirimkeun wadyabalad tentara anu dipupuhuan ku Dalem Surabaya ka Tatar Sunda. Tujuanana pikeun meruhkeun kasultanan Banten. Di jajalaneun béntrok jeung wadyabalad VOC, nepi ka kapaksa wadyabalad Mataram mulang deui. Sanggeus kitu, wadyabalad Mataram datang deui anu ayeuna mah dipupuhuan ku Dipati Ukur. Tapi nasibna sarua, éléh ku tentara VOC.

Pikeun nyungkeret kakawasaan VOC, Sultan Mataram ngutus Panembahan Galuh, nya éta R.A.A. Wirasuta anu nyangking gelar Adipati Panatayuda atawa Adipati Kertabumi III pikeun  ngaheuyeuk Rangkas Sumedang nu perenahna wétaneun walungan Citarum jeung ngawangun kuta di Tanjungpura, Adiarsa, Parakansapi, jeung Kutatandingan. Sanggeus ngawangun kuta, Adipati Kertabumi III tuluy mulang deui ka Galuh.

Lila ti lila, ngaran Rangkas Sumedang robah jadi Karawang tina kecap karawaan, duméh di éta wewengkon loba rawa.

Dina taun 1656, Sultan Agung Mataram ngangkat putra Adipati Kertabumi III pikeun jeneng Dalem di Karawang kalawan dibéré gelar Panembahan Singaperbangsa. Ari puseur dayeuh Karawang mangsa harita nya éta di Udug-Udug.

Dina taun 1679 nepi ka taun 1721 mangsa pamaréntahan R. Anom Wirasuta anu nyangking gelar R.A.A. Panatayuda, putra Panembahan Singaperbangsa, puseur dayeuh Karawang pindah ti Udug-Udug ka Karawang. Ari wilayah kakawasaan Karawang harita ngawengku Cihoé atawa Cibarusah jeung Cipunagara.

Balukar robahna kakawasaan Hindia Belanda ti pamaréntahan Belanda ka Inggris, pamaréntahan Kabupatén Karawang téh lumangsung ti taun 1811 nepi ka taun 1816.

Sabudeureun taun 1819 nepi ka taun 1826, pamaréntahan Belanda mulangkeun kakawasaan ka pamaréntahan Inggris, anu cirina masrahKeun wewenang parabupati ku Gupernur Jenderal Van der Capellen. Ku kituna, Kabupatén Karawang ngadeg deui dina taun 1820, kalawan wilayahna ngawengku wewengkon wétaneun walungan Citarum nya éta Cibéét jeung kuloneun walungan Citarum nya éta Cipunagara, iwal onderdistrick Gandasoli anu ayeuna mah katelah Pléréd, sabab kaasup wewengkon Kabupatén Bandung.

Bupati anu munggaran nyakrawati di Kabupaten Karawang nya éta R.A.A. Suriawinata ti Bogor nu katelah Dalem Santri, anu satuluyna milih puseur dayeuh Kabupatén Karawang di Wanayasa.

Dina taun 1830, mangsa pamaréntahan Kabupatén Karawang dicangking ku R.A. Suriawinata nu katelah Dalem Sholawat, puseur dayeuh Kabupatén Karawang pindah ti Wanayasa ka wewengkon Sindangkasih nu dingaranan Purwakarta. Purwa hartina mimiti, Karta hartina raharja. Jadi, mangsa harita téh Purwakarta hartina dayeuh nu ngamimitian ngawangun karaharjaan pikeun nu dumukna. Ari Sindangkasih tetep jadi ngaran tempat di puseur dayeuh Purwakarta. Ti mangsa harita mitembeyan pangwangunan, di antarana Gedong Karésidenan, Pendopo, Masjid Agung, Situ Buleud, Situ Kamojing, jeung Solokan Gedé.

Dumasar kana besluit Gupernur Jenderal, tanggal 20 Juli 1831 Nomer 2 (lampiran 1), Purwakarta resmi jadi puseur dayeuh Kabupatén Karawang. Ku kituna, tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi titi mangsa ngadegna Purwakarta. Titi mangsa éta diwewegan ku Peraturan Daérah Nomer 2, tanggal 3 Juni 2006 ngeunaan ngadegna Purwakarta nya éta tanggal 20 Juli 1831.

Pamaréntahan Kabupatén Karawang anu puseur dayeuhna di Purwakarta lumangsung nepi ka taun 1949. Ku ayana Surat Keputusan Wali Negeri Pasundan Nomer 12 tanggal 29 Januari 1949, Kabupatén Karawang dibagi dua. Karawang bagian wétan jadi Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Subang, dipupuhuan ku R.M. Hasan Suria Sacakusumah. Karawang bagian kulon jadi Kabupatén Karawang.

Sabubarna Nagara Pasundan dina 11 Maret 1950, Pamarentah RI ngabebenah wilayah administratif. Dumasar Undang-undang Nomer 14 tanggal 8 Agustus 1950 ngeunaan Pembentukan Daerah Kabupaten dalam Lingkungan Provinsi Jawa Barat, Purwakarta ditetepkeun jadi Kabupatén anu puseur dayeuhna di Subang, dipupuhuan ku R.P. Suyono Hadipranoto minangka Bupati ti taun 1950 nepi ka taun 1958. Ari wilayahna ngawengku 5 (lima) kawadanaan nya éta: Purwakarta, Subang, Pamanukan, Ciasem, jeung Sagalahérang.

Dina bulan Désémber 1953, parainohong Purwakarta meredih ka pamaréntah puseur sangkan puseur dayeuh Kabupatén Purwakarta dipindahkeun ti Subang ka Purwakarta, tapi teu dicumponan. Taun 1963, pameredih téh robah jadi kahayang pikeun ngawangun Kabupatén Purwakarta anyar nu puseur dayeuhna di Purwakarta. Éta pameredih kakara dicumponan dina taun 1968. Dumasar Undang-undang Nomer 4 tanggal 19 Juni 1968, nya diwangun Kabupatén Purwakarta anyar anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung Kabupatén Subang anu puseur dayeuhna di Subang.

Harita, Kabupatén Purwakarta ngawengku 4 (opat) kacamatan nya éta: Kacamatan Purwakarta, Kacamatan Pléréd, Kacamatan Wanayasa, jeung Kacamatan Campaka. Katambahan ku Désa Kertamanah jeung Sukasari ti Kabupatén Karawang tur Désa Ciramaeuwah jeung Citamiang ti Kabupatén Cianjur. Jadi, kabéhna ukur 70 désa.

Pikeun jeneng Kepala Daérah Kabupatén Purwakarta anu masih kénéh kosong, R.H. Sunarya Ronggowaluyo ditetepkeun nyangking kalungguhan Pejabat Bupati, sarta S. Syam jeung Mohamad Husein Syabih ditetepkeun pupuhu jeung sulur pupuhu DPRD Gotong Royong.

Dua minggu ti harita, tanggal 12 Juli 1968, Menteri Dalam Negeri, Létnan Jenderal Basuki Rahmat ngaresmikeun ngadegna Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung ngistrénan R.H. Sunarya Ronggowaluyo nyangking kalungguhan Bupati Purwakarta.

Dina bagbagan nata pamaréntahan, dilaksanakeun nata wilayah désa, kalurahan, ngawangun kamantrén, jeung ningkatkeun status kamantrén jadi kacamatan, sarta ngawangun lembaga pembantu bupati. Hasilna, Kabupatén Purwakarta mibanda 10 kacamatan, 9 kamantrén, 3 lembaga pembantu bupati, 183 désa, jeung 9 kalurahan.

Mareng jeung disahkeunana Undang-undang nomer 22 taun 1999 ngeunaan Pemerintahan Daerah, jeung disahkeunana Otonomi Daerah mimiti tanggal 1 Januari 2001, lembaga pembantu bupati dileungitkeun tur tina 9 kamantrén nu aya téh nu 6 mah statusna dironjatkeun jadi kacamatan. Hasilna, Kabupatén Purwakarta ayeuna diwangun ku 17 kacamatan, 183 désa jeung 9 kalurahan.

Dumasar kana titi mangsa diresmikeunana Kabupatén Purwakarta ku Menteri Dalam Negeri, Létnan Jenderal Basuki Rahmat tanggal 12 Juli 1968, jeung besluit Gupernur Jenderal tanggal 20 Juli 1831 Nomer 2 (lampiran 1), Purwakarta resmi jadi puseur dayeuh Kabupatén Karawang. Ku kituna, tanggal 12 Juli 1968 ditetepkeun titi mangsa lahirna Kabupatén Purwakarta jeung tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi titi mangsa ngadegna Purwakarta.***

 


No comments:

Post a Comment

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...