Kawih
Saha di antara hidep anu resep ngawih? Tangtuna baé ngawihkeun lagu-lagu Sunda. Ari genré musikna mah bisa rupa-rupa. Aya pop, dangdut, klasik, koplo jeung sajabana.
Dina mangsana aya nu hajat, boh ngawinkeun boh nyunatan contona, urang mindeng manggihan nu ngawih. Ngahibur tur ngabeberah paratamu nu jol-jol kaondangan.
Lamun urang ngupingkeun hiji kawih, lain ukur merhatikeun wirahma laguna wungkul, tapi ogé kekecapan nu nyampak dina rumpakana. Geura, urang kupingkeun kawihna tuluy imeutan rumpakana.
Pikeun maham kana eusi lagu, urang kudu ngarti kana kekecapan nu nyampak dina rumpakana. Lian ti kekecapan, ayah al séjén nu kudu diperhatikeun, di anatara eusi caritana, pola sajakna, amanatna sarta témana. Geura, prak titénan téks rumpaka kawih ieu di handap.
TANAH SUNDA
Sanggian Koko Koswara
Tanah Sunda, gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda, sing towéksa
Nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulatén jeung rumaksa
Miara pakaya mémang sawajibna
Getén titén rumawat Tanah Pusaka
Titén kana harta banda
Mo kaduhung waktu jaga
Anu lian, moal bias
Ngatur ngolah jeung ngariksa
Gembleng sauyunan singkil babarengan
Ngangkat darajat Ki Sunda
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonésia
Mojang Priangan
Sanggian: Iyar Wiyarsih
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nanggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
Mun dierok dénok
Mun disanggul ayu
Mun disinjang lenjang
Mojang Priangan
Umat imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu saé atikan
Saé basa sopan
Mojang Priangan
Peuyeum Bandung
Sanggian Sambas Mangundikarta
Dimana-mana di kampong di kota
Geus kakoncara ku nimat rasana
Sampeu asalna teu diréka-réka
Naon namina ku matak kabita
Peuyeum bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Heunteu sambarangan
Mikawanoh Rumpaka Kawih Sunda
Rumpaka téh nyaéta puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkwun boh ditembangkeun. Rumpaka kawih Sunda mah tangtu baé dikawihkeun. Upama nilik ka dinya, rumpaka kawih téh diwangun ku dua unsur, nyaéta rumpaka jeung kawih. Rumpaka raket patalina jeung sastra (puisi), ari kawih raket patalina jeung karawitan (seni musik). Tah, dina pangajaran basa mah leuwih museur kana unsur rumpakana, anu kaasup kana kasustraan nyaéta puisi. Sanajan kitu, taya salahna upama urang ogé bisa ngalagukeun atawa ngawihkeun rumpaka anu keur dipedar dina pangajaran basa.
Upama nilik kana rumpaka lagu Sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran, nyaéta puisi anu diwangu7n ku cangkang jeung eusi. Wangun sisindiran kapanggih dina rumpaka kawih Sunda kiwari, saperti anu aya dina “Bubuy Bulan”, “Sorban Palid”, Cikapundung”, jeung “És Lilin”. Tengetan geura contona dina rumpaka lagu “És Lilin” di handap!
ÉS LILIN
Ciptaan Ibu Mursih
És Lilin mah Ceuceu kalapa muda,
Dibantun mah dibantuk ka Sukajadi.
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi.
És Lilin mah Ceuceu buatan Bandung,
Dicandak mah geuning ka Cipaganti.
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi.
Itu saha dunungan nu nungtun munding,
Digantélan geuning ku sapu tangan.
Itu saha dunungan ku ginding teuing,
Singhoréng mah aduh geuning jungjunan.
És Lilin mah Ceuceu dikalapaan,
Raosna mah geuning kiabina-bina.
Abdi alim dunungan paduduaan,
Sok sieun mah dibantun ka mana-mana.
Ka mana mah geuningan ngaitkeun kincir,
Ka kalér mah aduh katojo bulan.
Ka mana mah dunungan ngaitkeun pikir
Moal palér dunungan ku sabulan.
Upama nilik kana rumpaka lagu “És Lilin” di luhur, dina sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Tapi jumlah engangna dina sapadalisanana téh henteu salawasna dalapan engang, sakumaha biasana sisindiran. Éta hal téh lantaran diluyukeun jeung kabutuh wirahma laguna.
Dina kamekaranana kiwari, rumpaka kawih Sunda leuwih lega ambahanana, utamana dina sual wangunna. Henteu ngan saukur wangun sisindiran. Komo kiwari mah lolobana rumpaka kawih téh mangrupa sajak bébas baé. Contona rumpaka kawih “Tanah Sunda” jeung “Mojang Priangan”, atawa conto séjénna di hyandap.
BUDAK JALANAN
Ciptaan Yayat S
Ceuk batur mah kuring téh anak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kandaraan
Sabenerna haté asa nalangsa puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal di rupa jeung deui duka di mana
Mun panas kapanasan, mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émpéran
Da puguh hirup di jalan henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan
Ti mana... ti mana... atuh ti mana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha.... kumaha... atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Alloh paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi ayeuna.
Salian ti éta aya deui kawih Sunda anu rumpaka asalna mangrupa sajak, saperti sawatara lagu sanggian Mang Koko Koswara. Di antarana baé lagu “Dina Juandéla” jeung “Kembang Impian” rumpakana tina sajak beunang Dedy Widyagiri, “Kembang tanjung Panineungan” jeung “Malati ti Gunung Guntur” tina sajak beunang Wahyu Wibisana, “Hariring nu Kungsi Nyanding” beunang Winarya Artadinata, jeung “Peuting Pangharepan” beunang RAF.
Kiwari sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu téh sok disarebut “Musikalisasi Puisi”. Minangka contona sajak “Pananjung” karya Rachmat M.Sas Karana jeung “Cikaracak” karya Godi Suwarna anu dijieun musikalisasi puisina ku Ferry Curtis.
C. KAPARIGELAN
Ngawih
Di handap aya sawatara rumpaka kawih, pék kawihkeun ku hidep!
Bandung
Sanggian Mang Koko Koswara
Bandung ... Bandung
Bandung nelah Kota Kembang
Bandung ... Bandung
Sasakala Sangkuriang
Dilingkung gunung heurin ku tangtung
Puseur kota nu mulya Parahiyangan
Bandung... Bandung
Padamuru dijarugjugan
Bandung ... Bandung
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung ... Bandung
Dipasieup Cikapundung
Di Bandung mungpung, jalmi ti kampung
Ngadon reureuh di kota nyinglar kabingung
Bandung ... Bandung
Pangbebenah nu ngadon nguyung
Karatagan Pahlawan
Sanggian Mang Koko Koswara
Teu honcéwang sumoréang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur téga pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan pahlawan bangsa.
Lemah Cai
Sanggian R. Machyar A. Kusumadinata
Lemah cai kuring
Nagri éndah asri
Sugih cacah jiwa
Bahan lubak-libuk
Sim kuring tresna miwahnyaah
Ka lemah cai pribadi
Kuring suka kuring betah
Di bali geusan ngajadi.

No comments:
Post a Comment