Thursday, August 12, 2021

BULAN SAPASI




BULAN SAPASI

Karya: Atep Yogaswara

 

Bébéné pupundén haté

Ulah pegat duriat parat dugi ka ahérat

Longkéwangna rasa na jiwa cangcaya

Aya basa na carita lir taman cinta di sawargaloka

Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama

 

Saksi diri na caangna nyarengan

Angin bajra nganteurkeun kamelang rasa

Pernahna na diri nu kinkin

Angin asih nu bihari  nogéncang na kembang asih pileuleuyan

Sumoréangna mangsa teu bisa pegat

Iman jeung taqwa nu marengan medar léngkah di alam jaga

 

 

Purwakarta.13.12.2019


No comments:

Post a Comment

Nulis Carita Pondok

  Struktur Fisik (Élémén Intrinsik) sareng Struktur Teks . ​Ieu jéntréna: ​1. Unsur Intrinsik (Rangka Carita) ​Ieu mangrupikeun bahan-ba...